Naon ari puisi? Dina sastra Indonésia, nu disebut puisi téh
sarua hartina jeung sajak dina sastra Sunda. Ari dina sastra Sunda, puisi téh
hartina lega pisan, ngawengku sababaraha jenis karya sastra, kaasup sajak,
mangrupa bagian tina puisi. Leuwih jelasna, nu dimaksud puisi dina sastra Sunda
nyaéta wanda karangan anu
rakitanana biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunna jeung ku diksina;
lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoé atawa cara wangun prosa. Puisi
Sunda téh réa rupana, aya nu kagolong puisi heubeul (buhun, tradisional) jeung
aya anu kagolong kana puisi anyar. Puisi heubeul aya anu ngawujud carita,
naratif (carita pantun, wawacan). Aya anu henteu ngawujud carita rupa-rupa
puisi mantra (jangjawokan, singlar, jampé, asihan), sisindiran (rarakitan,
paparikan, wawangsalan), kakawihan (barudak), sa’ir (pupujian), pupuh
(dangding, guguritan). Ari anu kaasup puisi anyar nyaéta sajak.
Sajak nyaéta salasahiji karya sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran
(puisi). Sanajan ditulis dina wangun ugeran, tétéla sajak mah teu pati kauger
ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina
saban pada saperti dina pupuh atawa sisindiran.
Dumasar kana asal-usulna, sajak téh mangrupa karya sampeuran anu jolna tina
sastra deungeun, nyaéta pangaruh tina sastra Éropa. Éta karya téh asup tur jadi
banda sastra Sunda ti mimiti kira-kira taun 1946, nyaéta nalika para pangarang
Sunda, hususna pangarang ngora, mimiti kasengsrem tur mikaresep ngaréka basa
dina wangun sajak. Pangarang Sunda anu naratas gelarna sajak nyaéta Kis WS.
Sabada ditaratas ku Kis WS, sajak Sunda terus mekar nepi ka kiwari. Lian ti réa
sajak anu dimuat dina majalah jeung koran basa Sunda, saperti Manglé,
Cupumanik, Galura, jeung Koran Sunda, ogé réa karya anu geus dibukukeun
mangrupa antologi. Sababaraha judul buku kumpulan sajak Sunda jeung
pangarangna, di antarana: Lalaki di Tegal Pati karya Sayudi (1963), Janté
Arkidam karya Ajip Rosidi (1967), Tepung di Bandung karya Rahmat M. Sas.
Karana, Wasiat Konglomérat karya Taufik Faturohman, Lalaki Langit karya
Juniarso Ridwan Jagat Alit karya Godi Suwarna, Maung Bayangan karya Etti R.S.,
Jamparing Hariring karya Dédy Windyagiri, Aya Naon di Cinaon karya Wahyu
Wibisana, Kidang Kawisaya karya Rétty Isnéndés, Katiga karangan Yayat
Hendayana (1957), Gondwa karangan Etty RS (1987), Jiwalupat karangan Godi
Suwarna (2007), jeung réa-réa deui.
Sajak téh mangrupa ungkara pikiran, rasa, jeung gagasan
pangarang, nu ditepikeun pikeun ngagambarkeun hiji pasualan Eta pasualan téh
asalna bisa tina kanyataan kahirupan sapopoé, bisa ogé ukur réka cipta
pangarang sabada ngaliwatan proses imajinasi jeung kontemplasi, anu satuluyna
dijanggelékkeun dina wangun rakitan basa anu éndah.
Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara konotatif (kiasan). Ku kituna
sajak mah aya kalana hésé dipikahartina, lantaran ari ungkara konotatif mah
loba silib jeung siloka. Beda jeung harti dénotatif anu ngungkabkeun harti
sajalantrahna. Tapi najan kitu, tetep we unggal sajak mibanda ma’na jeung
amanat keur nu macana. Ku kituna, tangtu baé sajak teh mibanda unsur-unsur
pangwangun anu ngadeudeul kana jenglengan rumpakana téa. Eta unsur-unsur téh di
antarana:
Nu dimaksud adegan lahir téh nyaéta unsur fisik sajak di
sawang tina wangunna. Nu kaasup kana adegan lahir sajak, di antarana:
1) Wangun Sajak (Tipografi)
Sajak téh ditulisna béda-béda, upamana waé aya nu sapada, dua pada, jeung
saterusna. Tina sapadana gé teu matok siga sisindiran atawa pupuhu, bébas
kumaha panyajakna. Lian ti éta, naha huruf-hurufna maké aksara leutik atawa
gede (kapital), ieu gé mangaruhan kana wanguna sajak.
2) Pilihan Kecap (Diksi)
Sajak nu alus téh gumantung kana kecap-kecap anu dipaké ku panyajakna. Biasana
sok kapanggih kecap-kecap anu geus langka dipake (arhaik), tuluy dipaké
nuliskeun sajak Upamana waé, kecap asih diganti jadi kecap duriat, atawa kecap
sedih diganti jadi kecap tunggara.
3) Citraan (Imaji)
Citraan atawa imaji téh nyaéta pangaruh kecap ka nu maca sajak. Biasana mah aya
patalina jeung naon anu karasa, katempo, jeung kadéngé ku nu maca tina
kecap-kecap anu aya dina sajak. Citraan dina sajak sifatna bisa citraan swara
(auditif), citraan panempo (visual), jeung citraan pangragap (taktil). Sajak nu
alus téh taya lian sajak anu bisa ngabalukarkeun nu macana téh milu ngarasakeun
kana naon anu ditepikeun dina éta sajak.
4) Gaya Basa (Figurati
Gaya basa dina sajak téh bisa ngabalukarkeun ayana harti konotatif. Gaya basa
dina sajak bisa nimbulkeun harti nu beunghar kana eusi sajak. Sajak téh jadi
psimatis, hartina bisa mibanda harti anu mundel, jero, tur loba. Dina basa
Sunda aya sawatara gaya basa, upamana mijalna, ngasor, kadalon, rarahulan,
jsté.
5) Purwakanti
Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di
tungtung ungkara kalimah. Nilik kana perenahna, purwakanti téh bisa ngaréndéng
dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan. Ku
lantaran kitu, purwakanti téh aya nu ngajajar (purwakanti rantayan), anu
ngaruntuy purwakanti runtuyan), atawa gabungan boh rantayan boh runtuyan
Titénan deui rumpaka kawih ieu di handap!
Hejo pagunungan paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Hejo pagumungan paul lautan
Taya katengtrenan ngan ancaman
Sajak di luhur téh jumlahna sapada (bait). Sapadana diwangun
ku opat padalisan (jajaran). Dina sajak di luhur, aya sora-sora anu sarua di
unggal padalisan. Dina padalisan kahiji jeung kadua, nu sarua téh sora [a].
Dina padalisan katilu jeung kaopat, nu sarua téh sora [i]. Sora-sora nu sarua
dina sajak kitu téh disebutna purwakanti. Cindekna nu disebut purwakanti téh
nyaéta padeukeutna atawa saruana sora kecap dina ungkara kalimah.
Nilik perenahna, purwakanti téh aya dua. Saruana atawa padeukeutna sora kecap
nu ngajajar ka gigir dina sapadalisan disebut purwakanti rantayan, Contona
sajak di luhur. Ari sarua atawa padeukeutna sora kecap nu ngaruntuy ka handap
tur biasana aya ditungtung ungkara padalisan mah disebutna purwakanti runtuyan.
Adegan batin sajak mah teu katémbong langsung, tapi kudu
diteuleuman atawa dirarasakeun. Carana bisa dibaca sababaraha balikan atawa
disungsi kumaha eusi atawa maksudna.
1) Jejer (sense)
Jejer téh poko pikiran anu aya dina sajak. Jejer atawa téma téh gagasan poko
anu rék ditepikeun ku panyajak ka nu maca. Téma dina sajak rupa-rupa, aya téma
kaagamaan, kamanusaan, cinta ka lemah cai, jsté. Upamana waé sajak “Tanah
Sunda” di luhur téh nyaritakeun kaayaan tanah Sunda anu keur harénghéng. Jadi
bisa dicindekkeun témana téh ngeunaan cinta ka lemah cai (sarakan).
2) Rasa (feeling)
Rasa téh ngajiwaan eusi sajak. Rasa dina sajak bisa kapanggih sabada dibaca.
Naha dibacana téh digorowokeun, digalantangkeun, dihariringkeun atawa
dilenyepan dina jero haté. Sajak “Tanah Sunda” upamana, moal kapanggih rasa
eusina mun dibacana ukur dina jero haté. Sabalikna baris kapanggih tur karasa
kumaha keueungna, mun macana digorowokkeun atawa digalantangkeun
3) Wirahma (tone)
Nada téh sikep panyajak ka nu maca. Tina sikep panyajak ngabalukarkeun ayana
suasana nu karasa ku nu maca. Geura tiétnan pada sempalan sajak “Tanah Sunda”
ieu di handap:
Héjo pagunungan paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Héjo pagunungan paul lautan
Taya katengtreman ngan ancaman
Dumasar pada sajak di luhut, katangén sikep panyajak téh
hayang ngabejaan ka nu maca yén najan tanah Sunda éndah, tapi tetep henteu
tengtrem tur loba ancaman Tina sikep éta turang salaku nu maca bisa ngarasa
keueung jeung manghanjakalkeun ku kaayaan kitu.
4) Amanat (intention)
Amanat téh pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak. Tapi najan kitu, amanat
dina hiji sajak ditangtukeunana téh gumantung nu maca. Hartina urang dibéré
kabébasan pikeun nangtukeun amanat tina hiji sajak.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar