Kamis, 19 Oktober 2023

Materi Kawih Sunda

 



MATERI KAWIH SUNDA

A. PERKARA MATERI KAWIH SUNDA

Nu dimaksud kawih téh nyaéta sakur lalaguan nu aya di tatar Sunda. Kecap pagawéanana mah ‘ngawih’. Dina basa Indonésia mah lagu atawa nyanyian, kecap pagawéanana menyanyi. Hartina, lamun urang hahariringan atawa nyanyi, éta téh hartina urang keur ngawih. Kawihna mah naon baé, rék diala tina sisindiran, pupujian, tembang pupuh, kaulinan barudak, dermayonan, atawa nu séjénna.

Matéri kawih geus aya ti baheulana. Dina naskah Sunda kuna Sanghyang Siksa Kandang Karesian nu ditulis taun 1518 M, di dinya disebutkeun ngaran rupa-rupa kawih nyaéta kawih bwatuha, kawih panjang, kawih lalaguan, kawih panyaraman, kawih sisi(n)diran, kawih péngpélédan, bongbongkaso, perérané, porod eurih, kawih babahanan, kawih bangbarongan, kawih tangtung, kawih sasa(m)batan, sareng kawih igel-igelan. Ceuk éta naskah kénéh, lamun urang hayang nyaho ngeunaan kawih, mangka tanyakeun ka paraguna. Kecap ‘paraguna’ téh hartina seniman kawih, mun ayeuna mah musisi, atawa ahli musik.

Upama nilik kana naskah Sunda kuna nu bieu disebut, tétéla urang Sunda téh ti baheulana resep kana hahariringan, kana ngawih téa. Da jeung enyana, méh saban pagawéan di Sunda mah sok bari dihariringan. Ti mimiti mépéndé budak, ngamandian budak, ngawuluku, ngeprak manuk di sawah, ngoréd di huma, jeung sajabana.

Kawih nu aya di Sunda téh réa pisan rupana. Aya anu iramana merdéka atawa bébas atawa henteu kauger ku ketukan jeung wiletan, aya ogé anu iramana tandak atawa ritmik, kauger ku wiletan jeung ketukan. Mun ditataan téa mah kawih téh aya nu disebut kawih kacapian, kawih degung, kawih calung, kawih celempungan, kawih kiliningan, kawih pupujian, kawih tembang, tepi ka kawih pop Sunda. Ari anu ngabédakeun kawih nu hiji jeung kawih nu séjénna diantarana ku sabab piriganana.

B. KAWIH KLASIK

Ciri séjén hiji kawih disebut klasik téh deuih duméh rumpakana maké puisi heubeul (sisindiran). Tepi ka taun 1950-an mah, nu nyaranggi lagu téh geus ilahar sok maké puisi winangun sisindiran. Mun teu ku sisindiran nya sok ku guguritan (puisi nu ditulis maké aturan pupuh). Sabab harita mah puisi nu keur populér téh nya winangun sisindiran jeung guguritan (rumpaka pupuh). Kaharti, upama nu nyaranggi lagu téh sok ngamangpaatkeun puisi sisindiran jeung guguritan pikeun dijieun lagu.

Béda jeung jaman kiwari, pangpangna ti taun 1960-an, nu nyaranggi lagu téh sok maké rumpaka puisi bébas, atawa anu sok disebut sajak téa. Malah upama éta sajak téa téh disanggijadi lagu ku hiji juru sanggi (musisi), nu nulis rumpakana gé sok rajeun ditulis gédéngeun nu nyanggi laguna. Nya contona dina lagu-lagu nu disanggi ku Mang Koko, atawa ku Ubun Kubarsah.

Lagu-lagu klasik sakapeung sok dibedakeun jeung lagu pop. Ari pangna hiji lagu disebut lagu pop téh duméh dipirigna téa ku musik moderen, kayaning organ, gitar, piul, dieuyeuban deui ku musik tradisi kayaning kendang jeung suling.

Sakali deui, pikeun ngabédakeun kawih nu hiji jeung kawih nu séjénna bisa ditilik tina pakakas naon anu mirigna; naha pirigan kacapian, gamelan degung, gamelan saléndro, calung, kacapi cianjuran, celempungan, atawa organ. Cindekna, upama lagu “Dalingding Asih” dipirigna ku gamelan degung, nya urang nyebutna kawih degung. Upama dipirig ku kacapi siter, disebutna kawih kacapian. Sarta upama dipirigna ku organ, biasa disebut kawih pop Sunda, Lian ti Ubun Kubarsah, pikeun nyebutan sababaraha seni man anu sok nyanggi lagu-lagu pop Sunda téh nyaéta Nano S, Doel Sumbang, Déddy Odoy, Yaya Suharya, Uko Héndarto, jeung Gun Gunawi.

C. STRUKTUR TÉKS KAWIH

1. Pilihan kecap (Diksi)

Dina rumpaka kawih di luhur nu judulna “Écéng Gondok jeung “Sorban Palid”, hidep bisa niténan yén éta rumpaka kawih téh wangunna sisindiran. Urang contoan sapada tina kawih di luhur:

Hayang nyeupah daun seureuh              padalisan ka-1
ambéh beureum biwir abdi                  padalisan ka-2
hayang leumpang jeung beubeureuh    padalisan ka-3
ambeh reugreug pikir kuring                padalisan ka-4

Akang Haji sorban palid          padalisan ka-1
palidna ka Cilamaya                padalisan ka-2
Akang Haji sumangga calik     padalisan ka-3
nyanggakeun mah saaya-aya  padalisan ka-4

Padalisan ka-1 jeung ka-2 disebutna cangkang, Ari pada lisan ka-3 jeung ka-4 disebutna eusi.

2. Purwakanti

Ari nu disebut purwakanti téh padeukeutna sora dina tungtung kecap atawa kalimah. Dina téks kawih di luhur, loba pisan purwakanti kecap téh. Upamana aya dina conto pada:

Sawengi asa tos lami                ngi – mi (aya purwakanti sora i)
Saminggu bade ditunggu          gu – gu (aya purwakanti sora u)
Sabulan taya wartos pisan        lan – san (aya purwakanti sora )

Dina élmuning sastra, purwakanti anu nyampak dina sora disebutna madusora atawa maduswara. Pangna disebut madusora téh duméh dina éta ungkara, sora-sorana bangun anu ‘padu’, paadu sorana, atawa sorana harmoni. Da kapan upama dipahilikeun kekecapanana jadi sawengi badé ditunggu, atawa sabulan asa tos lami, atawa saminggu taya wartos pisan tangtu sorana téh moal padu, moal harmoni. Henteu murwakanti.
Ayeuna tengetan deui rumpaka ieu di handap:

Ka mana engkang ka mana ka mana
Ka mana kudu ka mana
piraku lali, piraku, piraku lali ka abdi
piraku téga ninggalkeun

Dina rumpaka di luhur, kecap ka mana di awal padalisan ka-1 dipindo atawa dibalénan (diulang) di awal padalisan ka-2. Pon kitu deui kecap piraku di awal padalisan ka-3 dipindo deui di awal padalisan ka-4. Dina élmuning sastra mah kecap-kecap anu dipindo di awal padalisan téh disebutna purwakanti mindoan kawit (kawit = awal).

Terus tengetan deui, kecap ka mana dina tungtung padalisan ka-1 dipindo deui dina tungtung padalisan ka-2. Sakali deui, di pindona téh dina bagian tungtung atawa bagian wekasan. Tah nu kitu, dina élmuning sastra mah disebutna téh purwakanti mindoan wekas (wekas = tungtung, ahir).

3. HARTI DÉNOTATIF JEUNG KONOTATIF

BÉNTANG KURING
Cipt: H. Yus Wiradiredja

Duh béntang nu baranang
kahiban sinar bulan
duh éta béntang nu nyéngcélak
narik ati tan wangenan
sorot cahya gilang gumilang
ngahibarani ngalangkangan

Boa béntang anu ilang
lah, nu nyandingan diri kuring
boa béntang anu ilang
lah, nu miasih mikahéman

Langit los teu ngalanglangan
nu lawas henteu némbongan
kasilih ku méga malang
boa bentang kuring

Ku naon siga nebihan
nu sono hoyong nepangan
duh bentang geura jol datang
béntang, bentang kuring

Urang cutat ungkara dua padalisan dina pada kahiji:

Duh bentang nu baranang
kahibaran sinar bulan

Kecap béntang dina padalisan Duh béntang nu baranang ngandung harti pangeusi langit anu ngaluarkeun cahya. Éta béntang téh ciptaan Gusti Alloh. Jumlahna réa pisan, tepi ka katémbong na ti bumi mah mani baranang siga nu tingkariceup. Jeung ka tingalina téh laleutik pisan bakat ku anggang pisan ti bumi. Tapi tengetan deui kecap bentang nu aya dina ungkara di handap ieu:

Boa béntang anu ilang
lah, nu nyandingan diri kuring
boa béntang anu ilang
lah, nu miasih mikahéman

Kecap bentang dina pada nu ieu mah henteu nuduhkeun kana pangeusi langit anu ngaluarkeun cahya téa, tapi nujul kana hiji tangtungan (hiji insan) anu boa pikeun “kuring” kacida pisan gedé hartina. Kecap béntang nu ieu mah hartina téh bébéné ata wa kabogoh. Eta kabogoh téh pikeun diri “kuring” geus leungit alatan ninggalkeun, atawa alatan tilar dunya. Tepi ka si “kuring” téh ngarasa leungiteun pisan ku éta “béntang”. Kecap béntang anu mimiti mah nuduhkeun kana harti anu sabenerna. Disebutna harti dénotatif. Ari kecap béntang anu kadua mah henteu nuduhkeun kana harti anu sabenerna, tapi nuduhkeun kana harti séjén pikeun ngawakilan figur jalma. Eta kecap béntang téh henteu ngandung harti anu saenyana, tapi ngandung harti injeuman (nginjeum kana harti figur atawa ba rang séjén). Tah, kecap anu henteu ngandung harti sabenerna disebutna harti konotatif.

TUGAS 1
1. Naon dimaksud Kawih ?
2. Naon dimaksud Kawih Klasik
3. Naon Bedana Diksi jeung Purwakanti
4. Naon Bedana Harti Denotatif Jeung Konotatif
5. Sebutkeun 5 Judul Kawih Sunda

Nyaritakeun Isi Babad

 Nyaritakeun Isi Babad