MATERI SAJAK SUNDA
1. PERKARA SAJAK
Naon ari puisi? Dina sastra Indonésia, nu disebut puisi téh sarua hartina jeung sajak dina sastra Sunda. Ari dina sastra Sunda, puisi téh hartina lega pisan, ngawengku sababaraha jenis karya sastra, kaasup sajak, mangrupa bagian tina puisi. Leuwih jelasna, nu dimaksud puisi dina sastra Sunda nyaéta wanda karangan anu rakitanana biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunna jeung ku diksina; lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoé atawa cara wangun prosa. Puisi Sunda téh réa rupana, aya nu kagolong puisi heubeul (buhun, tradisional) jeung aya anu kagolong kana puisi anyar. Puisi heubeul aya anu ngawujud carita, naratif (carita pantun, wawacan). Aya anu henteu ngawujud carita rupa-rupa puisi mantra (jangjawokan, singlar, jampé, asihan), sisindiran (rarakitan, paparikan, wawangsalan), kakawihan (barudak), sa’ir (pupujian), pupuh (dangding, guguritan). Ari anu kaasup puisi anyar nyaéta sajak.
Sajak nyaéta salasahiji karya sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (puisi). Sanajan ditulis dina wangun ugeran, tétéla sajak mah teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada saperti dina pupuh atawa sisindiran.
Dumasar kana asal-usulna, sajak téh mangrupa karya sampeuran anu jolna tina sastra deungeun, nyaéta pangaruh tina sastra Éropa. Éta karya téh asup tur jadi banda sastra Sunda ti mimiti kira-kira taun 1946, nyaéta nalika para pangarang Sunda, hususna pangarang ngora, mimiti kasengsrem tur mikaresep ngaréka basa dina wangun sajak. Pangarang Sunda anu naratas gelarna sajak nyaéta Kis WS.
Sabada ditaratas ku Kis WS, sajak Sunda terus mekar nepi ka kiwari. Lian ti réa sajak anu dimuat dina majalah jeung koran basa Sunda, saperti Manglé, Cupumanik, Galura, jeung Koran Sunda, ogé réa karya anu geus dibukukeun mangrupa antologi. Sababaraha judul buku kumpulan sajak Sunda jeung pangarangna, di antarana: Lalaki di Tegal Pati karya Sayudi (1963), Janté Arkidam karya Ajip Rosidi (1967), Tepung di Bandung karya Rahmat M. Sas. Karana, Wasiat Konglomérat karya Taufik Faturohman, Lalaki Langit karya Juniarso Ridwan Jagat Alit karya Godi Suwarna, Maung Bayangan karya Etti R.S., Jamparing Hariring karya Dédy Windyagiri, Aya Naon di Cinaon karya Wahyu Wibisana, Kidang Kawisaya karya Rétty Isnéndés, Katiga karangan Yayat Hendayana (1957), Gondwa karangan Etty RS (1987), Jiwalupat karangan Godi Suwarna (2007), jeung réa-réa deui.
Tugas 1
1. Naon ari puisi dina sastra Indonesia
2. Naon hartina puisi dina sastra sunda
3. Sebutkeun puisi-puisi anu aya dina sastra sunda
4. Naon di maksud sajak dina sastra Sunda
5. Sebtukan 5 pangarang sajak sunda jeung karyana
6. Tarjamahkeun alinea kahiji kana bahasa Indonesia
Tidak ada komentar:
Posting Komentar