Latihan
Materi Sajak
Pilih Ganda
1.
Dina sastra sunda aya karya
sastra nu di reka dina wangun basa ugeran tapi teu kauger ku patokan patokan
jumlah engang dina unggal padalisan jeung jumlah padalisan dina unggal pada.
Wangun karya sastra nu ngabogaan ciri-ciri kitu disebutna….
a.
Guguritan
b.
Sisindiran
c.
Dongeng
d.
Pupuh
e.
Sajak
2.
Dina sajak “Tanah Sunda”
Disebutkeun aya nu kelirna hejo. Anu kelirna hejo nyaeta
a.
Langit
b.
Lautan
c.
Walungan
d.
Pakebonan
e.
Pagunungan
3.
Wangun sastra nu sebut sajak
teh ngabogaan struktur nu tangtu. Aya struktur lahir jeung struktur batin. Ieu
dihandap anu teu kaasup kana struktur batin sajak, nyaeta …
a.
Gaya basa
b.
Nada
c.
Amanat
d.
Jejer
e.
Rasa
Baca sempalan
sajak pikeun ngajawab soal nomor 4 jeung 5
Hejo
pagunungan paul lautan
Taya Kamarasan ngan katugenahan
Hejo pagunungan paul lautan
taya ketengtreman ngan ancaman
4.
Dumasar kana sempalan sajak
“Tanah Sunda” suasana nu tujukeun ku pangarang nyaeta
a.
Suasana tanah sunda nu tengtrem
pinuh ancaman
b.
Suasana tanah sunda nu endah ku
pagunungan hejo
c.
Kaayaan tanah sunda nu keur
dilanda bencana alam
d.
Kaayaan tanah sunda nu pinuh ku
Kamarasan
e.
Kaendahan tanah sunda nu paul
lautanna
5.
Pernyataan nu luyu Nyoko kana
sempalan sajak diluhur nyaeta …
a.
Pada sajakna teu ngabogaan
purwakanti
b.
Dina sapada sajak diluhur
ngabogaan dua padalisan
c.
Pada sajak diluhur ngabogaan
purwakanti runtuyan |a|
d.
Pada sajak diluhur ngabagaan
purwakanti runtuyan |e|
e.
Rasa dina pada nyaeta
ngungkabkeun kaendahan tanah sunda
Baca sajak ieu
pikeung ngajawab nomor 6 – 8
Ancaman
Karya : Rahmat M. Sas Karana
Naon hartina
ancaman
Pikeun hate
nu ajeg panceg
Rek nanjeurkeun
bebenaran dina karamean
Naon hartina
balati
Pikeu jiwa
nu geus masket
Ka Gusti
nu Maha Suci
Urang kungsi
nyanghareupan
Bayonet di
lugas na congo bedil
Pager teng
waja ngajajar
Tapi urang
henteu gimir
6.
Dumasar kana sajak di luhur
tema atawa jejer sajakna nyaeta ngeunaan …
a.
Sumanget jeung perjoangan
pikeun ngahontal kamerdikaan
b.
Kaayaan tanah sunda saenggeus
kamerdikaan
c.
Perang antara rakyat sunda
jeung walanda
d.
Susahna hirup di jaman baheula
e.
Ancaman pikeun urang sunda
7.
Dina pada katilu, nu disebutkan
ngajajar siga pager nyaeta ….
a.
Bedil
b.
Balad
c.
Walanda
d.
Bayonet
e.
Teng waja
8.
Jumlah pada dina saja diluhur
aya …
a.
Tilu
b.
Opat
c.
Lima
d.
Genep
e.
Tujuh
9.
Hiji wangun sastra bisa dirobah
atawa di transformasi jadi lancaran ku cara …
a.
Monolog
b.
Deklamasi
c.
Parafraseu
d.
Dramatisasi
e.
Musikalisasi
10.
Ieu dihandap nu teu kaasup
conto kalimah parentah, nyaeta ….
a.
Hayu urang tuang heula
b.
Geura mandi atuh bisi
kabeurangan
c.
Indit kaditu ulah cicing didieu
d.
Mudah-mudahan urang bisa patepung
deui
e.
Emir kuring hanya ngilu atuh
Ngajodokeun
Pasangkeun antara wawaran jeung jawaban
|
1 |
Sajak tanah sunda karya …… |
A-Ugeran |
|
2 |
Sajak di wangun ku basa ……. |
B-baris |
|
3 |
Gaya basa dina sajak ngabogaan ungkara
nu ngandung harti ……. |
C-jejer |
|
4 |
Purwakanti nu padeukeut kecap sora boh
diawal, ditengah atawa ditungtung ungkara kalimah nyaeta …….. |
D-Ajip Rosidi |
|
5 |
Purwakanti anu ngaruntuy dina antar
padalisan nyaeta purwakanti ….. |
E-runtuyan |
|
6 |
Padalisan dina basa indonesia nyaeta ……. |
F-Konotatif |
|
7 |
Poko pikiran nu aya dina sajak nyaeta …….. |
G-Rantayan |
|
8 |
Sikep panyajak ka nu maca nyaeta …….. |
H-nada |
|
9 |
Sajak nu eusina ngalalakonkeun, ngadadarkeun
atawa nyaritakeun disebut sajak …… |
I-epik |
|
10 |
Conto sajak epik nyaeta …… |
J-Jante Arkidam |
Essay
1. Naon bedana sajak Epik jeung Sajak Lirik ?
2. Naon dimaksud parafraseu ?