Minggu, 08 Februari 2026

Latihan Materi Sajak

 

Latihan Materi Sajak

Pilih Ganda

1.       Dina sastra sunda aya karya sastra nu di reka dina wangun basa ugeran tapi teu kauger ku patokan patokan jumlah engang dina unggal padalisan jeung jumlah padalisan dina unggal pada. Wangun karya sastra nu ngabogaan ciri-ciri kitu disebutna….

a.       Guguritan

b.       Sisindiran

c.       Dongeng

d.       Pupuh

e.       Sajak

2.       Dina sajak “Tanah Sunda” Disebutkeun aya nu kelirna hejo. Anu kelirna hejo nyaeta

a.       Langit

b.       Lautan

c.       Walungan

d.       Pakebonan

e.       Pagunungan

3.       Wangun sastra nu sebut sajak teh ngabogaan struktur nu tangtu. Aya struktur lahir jeung struktur batin. Ieu dihandap anu teu kaasup kana struktur batin sajak, nyaeta …

a.       Gaya basa

b.       Nada

c.       Amanat

d.       Jejer

e.       Rasa

Baca sempalan sajak pikeun ngajawab soal nomor 4 jeung 5

Hejo pagunungan paul lautan
Taya Kamarasan ngan katugenahan
Hejo pagunungan paul lautan
taya ketengtreman ngan ancaman

4.       Dumasar kana sempalan sajak “Tanah Sunda” suasana nu tujukeun ku pangarang nyaeta

a.       Suasana tanah sunda nu tengtrem pinuh ancaman

b.       Suasana tanah sunda nu endah ku pagunungan hejo

c.       Kaayaan tanah sunda nu keur dilanda bencana alam

d.       Kaayaan tanah sunda nu pinuh ku Kamarasan

e.       Kaendahan tanah sunda nu paul lautanna

5.       Pernyataan nu luyu Nyoko kana sempalan sajak diluhur nyaeta …

a.       Pada sajakna teu ngabogaan purwakanti

b.       Dina sapada sajak diluhur ngabogaan dua padalisan

c.       Pada sajak diluhur ngabogaan purwakanti runtuyan |a|

d.       Pada sajak diluhur ngabagaan purwakanti runtuyan |e|

e.       Rasa dina pada nyaeta ngungkabkeun kaendahan tanah sunda

Baca sajak ieu pikeung ngajawab nomor 6 – 8

        Ancaman

        Karya : Rahmat M. Sas Karana

 

Naon hartina ancaman

Pikeun hate nu ajeg panceg

Rek nanjeurkeun bebenaran dina karamean

 

Naon hartina balati

Pikeu jiwa nu geus masket

Ka Gusti nu Maha Suci

 

Urang kungsi nyanghareupan

Bayonet di lugas na congo bedil

Pager teng waja ngajajar

Tapi urang henteu gimir

 

6.       Dumasar kana sajak di luhur tema atawa jejer sajakna nyaeta ngeunaan …

a.       Sumanget jeung perjoangan pikeun ngahontal kamerdikaan

b.       Kaayaan tanah sunda saenggeus kamerdikaan

c.       Perang antara rakyat sunda jeung walanda

d.       Susahna hirup di jaman baheula

e.       Ancaman pikeun urang sunda

7.       Dina pada katilu, nu disebutkan ngajajar siga pager nyaeta ….

a.       Bedil

b.       Balad

c.       Walanda

d.       Bayonet

e.       Teng waja

8.       Jumlah pada dina saja diluhur aya …

a.       Tilu

b.       Opat

c.       Lima

d.       Genep

e.       Tujuh

9.       Hiji wangun sastra bisa dirobah atawa di transformasi jadi lancaran ku cara …

a.       Monolog

b.       Deklamasi

c.       Parafraseu

d.       Dramatisasi

e.       Musikalisasi

10.   Ieu dihandap nu teu kaasup conto kalimah parentah, nyaeta ….

a.       Hayu urang tuang heula

b.       Geura mandi atuh bisi kabeurangan

c.       Indit kaditu ulah cicing didieu

d.       Mudah-mudahan urang bisa patepung deui

e.       Emir kuring hanya ngilu atuh

Ngajodokeun

Pasangkeun antara wawaran jeung jawaban

1

Sajak tanah sunda karya ……

A-Ugeran

2

Sajak di wangun ku basa …….

B-baris

3

Gaya basa dina sajak ngabogaan ungkara nu ngandung harti …….

C-jejer

4

Purwakanti nu padeukeut kecap sora boh diawal, ditengah atawa ditungtung ungkara kalimah nyaeta ……..

D-Ajip Rosidi

5

Purwakanti anu ngaruntuy dina antar padalisan nyaeta purwakanti …..

E-runtuyan

6

Padalisan dina basa indonesia nyaeta …….

F-Konotatif

7

Poko pikiran nu aya dina sajak nyaeta ……..

G-Rantayan

8

Sikep panyajak ka nu maca nyaeta ……..

H-nada

9

Sajak nu eusina ngalalakonkeun, ngadadarkeun atawa nyaritakeun disebut sajak ……

I-epik

10

Conto sajak epik nyaeta ……

J-Jante Arkidam

 

Essay

1.       Naon bedana sajak Epik jeung Sajak Lirik ?

2.       Naon dimaksud parafraseu ?

 

Latihan Materi Sajak

  Latihan Materi Sajak Pilih Ganda 1.        Dina sastra sunda aya karya sastra nu di reka dina wangun basa ugeran tapi teu kauger ku pa...