Minggu, 24 September 2023

Materi Nyusun Laporan Kagiatan

 

MATERI LAPORAN KEGIATAN BAHASA SUNDA

DAFTAR ISI

  • MATERI LAPORAN KEGIATAN BAHASA SUNDA

o    A. PERKARA LAPORAN KEGIATAN

o    B. STRUKTUR LAPORAN KEGIATAN

§  1. BUBUKA

§  2. WAKTU JEUNG TEMPAT KAJADIAN

§  3. PAMILON

§  4.  WARAGAD

§  5.  PEDARAN

§  6.  PANUTUP

o    C. NYIUEN RARANCANG

A. PERKARA LAPORAN KEGIATAN

Laporan kagiatan eusina mangrupa sagala hal anu patali jeung kagiatan anu geus lumangsung. Informasi anu diutamakeun dina laporan kagiatan utamana mah muser kana lumangsungna kagiatan, waragad, bangbaluh atawa rereged, jeung pasualan-pasualan tèhnis. Ari wangun laporan kagiatan tèh formal sarta biasana dijieun ku organisasi atawa lembaga. Di jerona kudu ngamuat informasi jeung pakta-pakta anu bisa dipertanggung jawabkeun bener henteuna.

B. STRUKTUR LAPORAN KEGIATAN

1. BUBUKA

Eusina mangrupa panganteur pikeun mawa anu maca kana pasualan anu rèk di laporkeun. Dina ieu bagéan diterangkeun naon-naon anu jadi marga lantaran diayakeunana dina hiji kagiatan, katut rasa sukurna yén jeung réngsé ngalaksanakeun kagiatan. Contona seperti kieu:

“Dina raraga milangkala SMK SUNDALANA nu ka 20, OSIS SMK SUNDALANA ngayakeun kagiatan pagelaran seni Sunda pikeun lingkumgan sakola. Ieu kagiatan tèh minangka pangreuah-reuah serta salasahiji kasempetan pikeun nembongkeun kaparigelan jeung karancagéan siswa. Iwal ti éta, ieu acara teh ngarojong program  rebo nyunda anu ditetepkeun ku pamarentah daerah. Kukituna dipiharep bisa ngumuwuhkeun kareueus jeung sumanget siswa sangkan ngamumulè seni tradisi Sunda. Dina ieu pagelaran disadiakeun tilu pakét hadiah pikeun katégori “pamidang paporit”, pamidang motekar”, jeung “pamidang mencrang”.

2. WAKTU JEUNG TEMPAT KAJADIAN

Hal ieu perlu aya dina laporan sangkan puguh iraha jeung dimana eta kagiatan  teh di laksanakeun . contona seperti kieu:

“Ieu kagiatan dilaksanakeun ping 31 Mei 2017 , jam 08:00 -11:00 di bale pamidangan (aula) SMK Sundalana. Jl. Garut No. 2 kota Bandung”.

3. PAMILON

lamun kagiatan mangrupa lalampahan anu di sebutkeun téh cukup sabaraha urang jeung saha baé pamilon. Contona seperti kieu:

“Pamilon ieu kagiatan téh sakumna siswa ti unggal kelas jeung jurusan, kalayan wawakil anu kadaptar pikeun unggal kelompok ti unggal kelas jumlahna aya 60 urang, wincikanana:
Kelas X : 4 kelompok, jumlahna 20 urang
Kelas XI : 4 kelompok, jumlahna 20 urang
Kelas XII : 3 kelompok, jumlahna 20 urang”

4.  WARAGAD

Eusina ngadadarkeun timana meunang waragad, wincikna dipakena éta waragad sarta jumlahna. Ieu hal téh penting pikeun ngalaporkeun sabaraha jumlah waragad anu katarima sarta anu dikaluarkeun. Tangtuna kudu luyu jeung kaayan anu sabenerna. Pangpangna mah mun dipake pikeun laporan ka pihak nu méré waragad. Ieu di handap contona:

“Waragad pikeun ieu kagiatan nu katarima nyaéta Rp. 3.000.000 anu sumberna tina anggaran sakola Rp 2.000.000 jeung sumbangan ti sponsor penerbit Dunia pustaka jaya Rp. 1.000.000. éta waragad téh dipake pikeun rupa rupa kaperluan jeung pagelaran.”

5.  PEDARAN

Kagiatan jeung hasil nu dicangkingna. Dina ieu bagian, didadarkeun lumangsungna kagiatan jeung hasil nu dicangking sabeda éta kagiatan geus réngsé. Runtuyan acara sarta saha nu ngeusina diperlukeun luyu jeung prak-prakanana. Ieu bagian kacida pentingna, sebab midangkeun énya henteuna katut hadé goréng lumangsungna hiji kagiatan. Tungtungna payus pisan upama dilengkapan ku foto-foto anu aya patalina jeung kagiatan. Contona seperti kieu:

“kagiatan pagelaran lumangsung kalawan dibagi jadi tilu rintakan kahiji pikeun kelas X, rintakan kadua pikeun kelas XI, jeung rintakan katilu pikeun kelas XII. Ungal kelempok ti kelas sewang-sewangan mintokeun kaparigelanana dina pangung anu geus sadiakeun.
Unggal pidangan kelompok téh didokumentasikeun mangrupa vidio jeung potrét nusatuluyna dijieun DVD jeung album poto. Ari dina salira lumngsungna ieu kagiatan disadiakeun kalawuh tradisional kayaning seupan boled, suuk, jagong, cau, katimus, papais putri noong jeung és dawet. éta lalawuh téh meunang dileut salila lalajo.”

Rintakan ka-1 (kelas X)
Dina ieu rintakan midang opat kelompok. Ari wincikanana nyaéta kelompok 1 midangkeun rupa-rupa kaulinan barudak lembur, kelompok 2 midangkeun seni tutungulan, kelompok  3 midangkeun rampak kecapi, jeung kelompok 4 midangkeun kawih.

Rintakan ka – 2 (kelas XI)
aya opat kelompok anu midangkeun rupa-rupa kasenian Sunda dina ieu rintakan. Kelmpok 1 midangkeun layeutan kawih, kelompok 2 midangkeun rampak kandang kelompok 3, midangkeun pupuh raéhan, serta kelompok 4 midangkeun komposisi musik angklung.

Rintakan ka -3 (kelas XII)
Dina ieu rintakan tilu kelompok nu sakabehna midangkeun drama tina dongéng atawa carita legenda ti tatar Sunda. Kelompok 1 midangkeun drama sasakala situ bagendit jeung kelompok 3 nu midangkeun drama sangkuriang.

Panglélér
kelompok anu kapilih pikeun ungal Kategori nyaéta:
1.  kelompok 3 ti kelqs X anu midangkeun layeutan kawih, dilélér pamidang faporit 
2. kelompok 4 ti kelas XI nu midangkeun angklung dilélér pamidang motékar
3. kelompok  1 ti kelas XII nu midangkeun drama lutung kasarung dilélér pamidang mencrang.

6.  PANUTUP

Bagian panutup eusina mangrupa pungkisan laporan, eusina bisa kacindekan, saran jeung kadaling rasa tumarimana nu nyusun laporan ka sakumna pihak anu geus ngarojong kanu kagiatan Upamana:

sakumna kagiatan umumna lumngsung kalwan lungsu langsar luyu jeung rarancang anu geus dijieun saméméhna. Unggal kelompok nu midang nembongan kaparigélanana sabisa bisa méré kasan anu hade pikeun sakumna nu nongton. Najan kitu aya saeutik rereged dina teknis nataharkeun pangung, lantaran kurang kordinasi antara pihak panitia sorangan. Muga-muga bisa jadi bahan evaluasi pikeun ngalaksanakeun kagiatan anu kaharepna.
Panitia ngahaturnuhun ka sakumna pihak anu geus ngarojong kana ieu kagiatan. Mugia alloh swt mamparing ganjaran kana kasaéan sadayana. aminnn…..

C. NYIUEN RARANCANG

Pikeun nyusun laporan kagiatan téh aya sawatara rarancang anu bisa dipilampah. Tapi nyusun rarancang laporan téh teu wajib kudu kitu. Rarancangna bisa di luyukeun baé jeung pangabutuh. Tengetan ieu léngkah-léngkah nyieun rarancang laporan:

1. Tangrukeun jeun idéntifikasi kasangtukangna ngalaksanakeun éta kagiatan.
2. Tangtukeun jeung idéntifikasi tujuan atawa maksud ngalaksankeun éta kagiatan.
3. Idéntifikasi kajadian-kajadian penting nu kalakonan salila ngalaksanakeun éta kagiantan. 
4. Susun rupa-rupa informasi anu kacangking nalika ngalaksanakeun éta kagiatan.
5. Siapkeun data-data pangrojong, misalna poto, daptar pamilon, jadwal kagiatan jeung sajabana.
6. Susun rupa-rupa informasi jadi hiji laporan anu sistimatis tur gulumung.


D. TUGAS !

Buatlah sebuah laporan kegiatan di lingkungan masing-masing

Nyaritakeun Isi Babad

 Nyaritakeun Isi Babad