MATERI LAPORAN KEGIATAN BAHASA SUNDA
DAFTAR ISI
- MATERI
LAPORAN KEGIATAN BAHASA SUNDA
o
A. PERKARA
LAPORAN KEGIATAN
o
B. STRUKTUR
LAPORAN KEGIATAN
§ 1. BUBUKA
§ 2. WAKTU
JEUNG TEMPAT KAJADIAN
§ 3. PAMILON
§ 4. WARAGAD
§ 5. PEDARAN
§ 6. PANUTUP
o
C. NYIUEN RARANCANG
A. PERKARA LAPORAN KEGIATAN
Laporan kagiatan eusina mangrupa
sagala hal anu patali jeung kagiatan anu geus lumangsung. Informasi anu
diutamakeun dina laporan kagiatan utamana mah muser kana lumangsungna kagiatan,
waragad, bangbaluh atawa rereged, jeung pasualan-pasualan tèhnis. Ari wangun
laporan kagiatan tèh formal sarta biasana dijieun ku organisasi atawa lembaga.
Di jerona kudu ngamuat informasi jeung pakta-pakta anu bisa dipertanggung
jawabkeun bener henteuna.
B. STRUKTUR LAPORAN KEGIATAN
1. BUBUKA
Eusina mangrupa panganteur pikeun
mawa anu maca kana pasualan anu rèk di laporkeun. Dina ieu bagéan diterangkeun
naon-naon anu jadi marga lantaran diayakeunana dina hiji kagiatan, katut rasa
sukurna yén jeung réngsé ngalaksanakeun kagiatan. Contona seperti kieu:
“Dina raraga milangkala SMK SUNDALANA nu ka 20, OSIS SMK SUNDALANA ngayakeun
kagiatan pagelaran seni Sunda pikeun lingkumgan sakola. Ieu kagiatan tèh
minangka pangreuah-reuah serta salasahiji kasempetan pikeun nembongkeun
kaparigelan jeung karancagéan siswa. Iwal ti éta, ieu acara teh ngarojong
program rebo nyunda anu ditetepkeun ku pamarentah daerah. Kukituna
dipiharep bisa ngumuwuhkeun kareueus jeung sumanget siswa sangkan ngamumulè
seni tradisi Sunda. Dina ieu pagelaran disadiakeun tilu pakét hadiah pikeun
katégori “pamidang paporit”, pamidang motekar”, jeung “pamidang mencrang”.
2. WAKTU JEUNG TEMPAT KAJADIAN
Hal ieu perlu aya dina laporan
sangkan puguh iraha jeung dimana eta kagiatan teh di laksanakeun .
contona seperti kieu:
“Ieu kagiatan dilaksanakeun ping 31 Mei 2017 , jam 08:00 -11:00 di bale
pamidangan (aula) SMK Sundalana. Jl. Garut No. 2 kota Bandung”.
3. PAMILON
lamun kagiatan mangrupa lalampahan
anu di sebutkeun téh cukup sabaraha urang jeung saha baé pamilon. Contona
seperti kieu:
“Pamilon ieu kagiatan téh sakumna siswa ti unggal kelas jeung jurusan, kalayan
wawakil anu kadaptar pikeun unggal kelompok ti unggal kelas jumlahna aya 60
urang, wincikanana:
Kelas X : 4 kelompok, jumlahna 20 urang
Kelas XI : 4 kelompok, jumlahna 20 urang
Kelas XII : 3 kelompok, jumlahna 20 urang”
4. WARAGAD
Eusina ngadadarkeun timana meunang
waragad, wincikna dipakena éta waragad sarta jumlahna. Ieu hal téh penting
pikeun ngalaporkeun sabaraha jumlah waragad anu katarima sarta anu
dikaluarkeun. Tangtuna kudu luyu jeung kaayan anu sabenerna. Pangpangna mah mun
dipake pikeun laporan ka pihak nu méré waragad. Ieu di handap contona:
“Waragad pikeun ieu kagiatan nu
katarima nyaéta Rp. 3.000.000 anu sumberna tina anggaran sakola Rp 2.000.000
jeung sumbangan ti sponsor penerbit Dunia pustaka jaya Rp. 1.000.000. éta
waragad téh dipake pikeun rupa rupa kaperluan jeung pagelaran.”
5. PEDARAN
Kagiatan jeung hasil nu
dicangkingna. Dina ieu bagian, didadarkeun lumangsungna kagiatan jeung hasil nu
dicangking sabeda éta kagiatan geus réngsé. Runtuyan acara sarta saha nu
ngeusina diperlukeun luyu jeung prak-prakanana. Ieu bagian kacida pentingna,
sebab midangkeun énya henteuna katut hadé goréng lumangsungna hiji kagiatan.
Tungtungna payus pisan upama dilengkapan ku foto-foto anu aya patalina jeung
kagiatan. Contona seperti kieu:
“kagiatan pagelaran lumangsung kalawan dibagi jadi tilu rintakan kahiji pikeun
kelas X, rintakan kadua pikeun kelas XI, jeung rintakan katilu pikeun kelas
XII. Ungal kelempok ti kelas sewang-sewangan mintokeun kaparigelanana dina
pangung anu geus sadiakeun.
Unggal pidangan kelompok téh didokumentasikeun mangrupa vidio jeung potrét
nusatuluyna dijieun DVD jeung album poto. Ari dina salira lumngsungna ieu
kagiatan disadiakeun kalawuh tradisional kayaning seupan boled, suuk, jagong,
cau, katimus, papais putri noong jeung és dawet. éta lalawuh téh meunang dileut
salila lalajo.”
Rintakan ka-1 (kelas X)
Dina ieu rintakan midang opat kelompok. Ari wincikanana nyaéta kelompok 1
midangkeun rupa-rupa kaulinan barudak lembur, kelompok 2 midangkeun seni
tutungulan, kelompok 3 midangkeun rampak kecapi, jeung kelompok 4
midangkeun kawih.
Rintakan ka – 2 (kelas XI)
aya opat kelompok anu midangkeun rupa-rupa kasenian Sunda dina ieu rintakan.
Kelmpok 1 midangkeun layeutan kawih, kelompok 2 midangkeun rampak kandang
kelompok 3, midangkeun pupuh raéhan, serta kelompok 4 midangkeun komposisi
musik angklung.
Rintakan ka -3 (kelas XII)
Dina ieu rintakan tilu kelompok nu sakabehna midangkeun drama tina dongéng
atawa carita legenda ti tatar Sunda. Kelompok 1 midangkeun drama sasakala situ
bagendit jeung kelompok 3 nu midangkeun drama sangkuriang.
Panglélér
kelompok anu kapilih pikeun ungal Kategori nyaéta:
1. kelompok 3 ti kelqs X anu midangkeun layeutan kawih, dilélér pamidang
faporit
2. kelompok 4 ti kelas XI nu midangkeun angklung dilélér pamidang motékar
3. kelompok 1 ti kelas XII nu midangkeun drama lutung kasarung
dilélér pamidang mencrang.
6. PANUTUP
Bagian panutup eusina mangrupa
pungkisan laporan, eusina bisa kacindekan, saran jeung kadaling rasa tumarimana
nu nyusun laporan ka sakumna pihak anu geus ngarojong kanu kagiatan Upamana:
sakumna kagiatan umumna lumngsung kalwan lungsu langsar luyu jeung rarancang
anu geus dijieun saméméhna. Unggal kelompok nu midang nembongan kaparigélanana
sabisa bisa méré kasan anu hade pikeun sakumna nu nongton. Najan kitu aya
saeutik rereged dina teknis nataharkeun pangung, lantaran kurang kordinasi
antara pihak panitia sorangan. Muga-muga bisa jadi bahan evaluasi pikeun
ngalaksanakeun kagiatan anu kaharepna.
Panitia ngahaturnuhun ka sakumna pihak anu geus ngarojong kana ieu kagiatan.
Mugia alloh swt mamparing ganjaran kana kasaéan sadayana. aminnn…..
C. NYIUEN RARANCANG
Pikeun nyusun laporan kagiatan téh
aya sawatara rarancang anu bisa dipilampah. Tapi nyusun rarancang laporan téh
teu wajib kudu kitu. Rarancangna bisa di luyukeun baé jeung pangabutuh.
Tengetan ieu léngkah-léngkah nyieun rarancang laporan:
1. Tangrukeun jeun idéntifikasi
kasangtukangna ngalaksanakeun éta kagiatan.
2. Tangtukeun jeung idéntifikasi tujuan atawa maksud ngalaksankeun éta
kagiatan.
3. Idéntifikasi kajadian-kajadian penting nu kalakonan salila ngalaksanakeun
éta kagiantan.
4. Susun rupa-rupa informasi anu kacangking nalika ngalaksanakeun éta
kagiatan.
5. Siapkeun data-data pangrojong, misalna poto, daptar pamilon, jadwal kagiatan
jeung sajabana.
6. Susun rupa-rupa informasi jadi hiji laporan anu sistimatis tur
gulumung.
D. TUGAS !
Buatlah sebuah laporan kegiatan di lingkungan masing-masing
Tidak ada komentar:
Posting Komentar