B. MEDAR PERKARA AKSARA SUNDA
Aksara Sunda baheulana mah dipaké dina prasasti jeung naskah-naskah kuna. Nya disebutna aksara Sunda kuna. Pra sasti nu kapanggih mimiti ngagunakeun aksara Sunda kuna téh prasasti Kawali, nu aya di wewengkon Ciamis. Ieu prasasti di jieunna kira-kira abad ka-14 M. Aksara Sunda kuna dipaké nepi ka ahir abad ka-17 M. Satuluyna kasilih ku aksara Cacarakan (Jawa), aksara Pégon (Arab-Sunda), jeung kiwari aksara Latén.
Nepi ka ahir taun 1980-an urang Sunda leuwih mikawanoh aksara Cacarakan atawa Hanacaraka nu asalna ti Jawa. Malah mah sok disebut aksara Sunda. Tapi éta téh anggapan nu salah. Nu matak, aksara Cacarakan mah ku para ahli dianggap lain aksara asli Sunda.
Tina hasil ngaguar naskah jeung prasasti, para ahli nga wanohkeun deui wangun aksara Sunda anu asli, minangka hasil karancagéan urang Sunda anu leuwih mandiri. Aksara Sunda nu diwanohkeun deui kiwari téh lain aksara Sunda kuna, tapi aksara Sunda baku atawa aksara Sunda standar.
Aksara Sunda Standar téh aksara anu dirarancang kalawan kritéria anu tangtu. Ku kituna mibanda kasarageman wangun dasar jeung katangtuan husus lianna. Aksara Sunda standar geus dikaji kalawan gemet ku para ahli, nu matak wangun na ditimbang-timbang sangkan bisa nyumponan kabutuhan pikeun digunakeun dina basa Sunda kiwari.
Aksara Sunda baku téh geus distandarisasi jeung diaku sacara internasional kana Unicode taun 2008. Standarisasi anu geus diupayakeun téh bisa dipaké minangka acuan pikeun ru pa-rupa pangrojong mekarkeun aksara Sunda.
Ari runtuyan abjadna nyaéta ka-ga-nga, ca-ja-nya, ta-da-na, pa-ba-ma, ya-ra-la, wa-sa-ha, fa-va-qa-xa-za, sarta runtuyan aksara sorana a, i, u, é, o, e, jeung eu. Ku lantaran ieu runtuyan, aksara Sunda baku sok disebut ogé minangka aksara Sunda Kaganga.
C. NYUNGSI PADIKA NULIS AKSARA SUNDA
Aya sababaraha katangtuan nu kudu diperhatikeun dina nuliskeun aksara Sunda téh. Pék tengetan béréndélanana ieu di handap!
1. Aksara Sunda ditulis ti kénca ka katuhu, kitu deui nuliskeun angka, sarua ti kénca ka katuhu. Tapi aya iwalna pikeun rarangkén anu ditulis di luhur atawa di handapeun aksara dasar. Contona:
2. Unggal nuliskeun kecap dipisahkeun ku spasi atawa lolongkrang engang. Contona “diajar basa Sunda” ditulis:
3. Aksara Sunda téh sistem alpabétna silabik, nyaéta ung gal aksara dasar ngawakilan hiji engang (suku kecap). Aya bédana jeung aksara Latén anu maké sistem fonétik. Ari aksara Latén mah unggal aksarana téh ngawakilan hiji sora (foném). Dina sistem silabik upama nuliskeun kecap “bapa” cukup ditulis ku dua aksara nyaéta ” (ba), (pa)”, tapi dina sistem fonétik mah kudu ditulis ku opat aksara “b, a, p, a”.
4. Aksara Sunda teu mibanda aksara kapital, jadi teu dibéda- keun antara aksara leutik jeung aksara kapital. Contona baé nuliskeun “Gunung Tangkuban Parahu” taya bédana jeung nulis “gunung tangkuban parahu”, dina aksara Sunda mah jadi
5. Nuliskeun singgetan jeung akronim nu maké aksara Latén, upama maké aksara Sunda, unggal aksara ngalagena nu di singget kudu maké rarangkén pamaéh. Contona:
6. Kecap serepan asing kudu diluyukeun heula éjahanana dina basa Sunda, tuluy dituliskeun ku aksara Sunda. Conto na: handphone dibaca hénpon tuluy ditulisna jadi. Ari sababna, aksara Sunda mah ditu liskeunana luyu jeung sora nu kaluar tina ucapanana.
7. Tanda baca atawa pungtuasi nu dipaké sarua jeung tanda baca aksara Latén.
SUMBER & REFERENSI
Dirangkum dari beberapa buku:
Sudaryat, Yayat. Spk. 2017. Panggelar Basa Sunda pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas X. Bandung : Erlangga
Héndrayana, Dian. 2016. Rancagé Diajar Basa Sunda (Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas X). Bandung: Pustaka Jaya.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2015. Pamekar Diajar Basa Sunda: pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas X. Bandung : Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar