Minggu, 03 Mei 2026

Materi Biantara 4

 D. NYUSUN TÉKS BIANTARA

Jejer atawa téma biantara téh kudu aktual, luyu jeung situasi sarta kondisi nu kiwari keur ramé dipadungdengkeun. Ulah medar téma nu geus bari atawa jejer nu éta-éta kénéh.

Jieun rangkay  tulisan dumasar kana struktur biantara nu ngawengku bagian bubuka, eusi, jeung panutup. Éta struk tur téh tuluy kari ngeusian sing taliti sangkan rangkayna weweg. Tong poho gunakeun éjahan basa Sunda nu bener.

Eusi biantara téh kudu mundel, hartina réa mangpaat jeung pulunganeunana. Teu padu ukur nyieun atawa nyonto téks biantara nu geus aya.

Biantara téh kudu matak ngirut, sabab patali jeung seni har jeung euyeub ku mamanis basa. Bisa dieuyeuban ku si atawa kalimah pinilih (kata-kata mutiara) nu ditepikeun ku nyarita. Ku kituna, basa nu digunakeunna gé kudu beung sindiran, babasan jeung paribasa, cutatan référénsi bacaan, hiji tokoh.

E. NYUSUN TOPIK ATAWA GAGASAN DINA  BIANTARA

Kalintang pentingna milih topik disaluyukeun jeung kamampuh atawa kompeténsi panyatur, lantaran saupama henteu ngawasa téma nu rék ditepikeun bakal ngabalukarkeun nyarita jadi henteu lancar sakumaha nu dipiharep. Sabalikna umpama ngawasa matéri caritaan, biantara bakal lumangsung lancar, hadé, jeung tangtu nyugemakéun.

Dina ieu hal nu kudu jadi diinget téh nyaéta caritaan urang kudu bisa ngirut panitén audien nepi ka daék ngadéngékeun naon nu dicaritakeun ku urang.

Saha nu diajak nyarita téh? Éta patalékan kudu muncul disatiap panyatur nalika nyusun bahan atawa gagasan dina biantara. Ari maksudna taya lian pikeun nyaluyukeun antara gagasan nu rék ditepikeun jeung kasang tukang pangaweruh pamiarsa.

Topik biantara kudu jelas ditepikeun sangkan henteu ngabingungkeun pamiarsa. Leuwih hadé topik nu ditepikeun téh mangrupa hiji hal sifatna aktual nu aya di masarakat umum.

Panyatur saéstuna kudu merhatikeun kalawan daria situasi jeung waktu saméméh nyarita. Éta hal téh pikeun nyingkahan situasi anu sifatna sensitif atawa henteu saluyu jeung budaya di éta tempat.


Tugas Diskusi

1. Naon wae unsur-unsur nyusun teks biantara ? 

2. Naon wae nu ka asup topik atawa gagasan dina biantara ?

Materi Biantara 4

  D. NYUSUN TÉKS BIANTARA 1. Jejerna aktual Jejer atawa téma biantara téh kudu aktual, luyu jeung situasi sarta kondisi nu kiwar...