5. NGADEKLAMASIKEUN SAJAK
Maca sajak jeung déklamasi sajak téh aya bédana. Dina maca sajak, sajak dipidangkeun ku cara dibaca tur maké téks. Ari dina déklamasi, sajak dipidangkeun ku cara ditalar tanpa maké téks. Déklamasi ilaharna dibarengan ku pasang peta, gerak, jsté.
Bandung
Karya: Eddy D. Iskandar
Mun seug nataan jalan
Dipati Ukur Sulanjana Ranggamaléla
Wastukancana Siliwangi Pajajaran
loba kénéh ngaran-ngaran karuhun
nu kalindih ku nu lian
Mun seug nataan papan reklame
China Town Pizza Hut Sukiyaki
McDonald Kentucky Hoka Hoka Bento
ngaran urang mah nyalingkir ka pipir-pipir
Mun seug nataan pangulinan taya tegal nu lega
taya alun-alun nu liuh
taya Cikapundung nu canémbrang hérang
taya jalan titincakan
Nu daratang sungkan mulang
pribumi milih ka sisi
geus sirna ciri nu matri
sawarga di tatar sunda
hejo lembok ngarangrangan
napsu ngaberung na jungkiring padumukan
enya gé aya nu mitineung lembur
ngan ukur lembur cicirén
Nyawang ka hareup
naha aya kénéh tatapakan
mun ngawujud jadi megacity?
Bandung 2004
Dicutat tina buku kumpulan sajak Surat keur Bandung (2006) kaca 24.
6. PARAFRASE SAJAK
Parafrase sok disebut parafrasa, nyaéta ngarobah wangun karangan atawa nyaritakeun deui eusi karangan kana wangun séjén. Upamana waé, sajak dicaritakeun deui kana wangun basa lancaran (prosa). Maksudna nyusun parafrase, sangkan leuwih paham kana naon maksud atawa harti anu dikandung tina hiji téks,
Aya sawatara padika dina nyusun parafrase sajak, di antarana waé:
a. Maca atawa ngaregepkeun anu maca sajak kalayan gemet;
b. Catetkeun kekecapan anu dianggap hésé, geus kitu paluruh harti jeung sinonimna;
c. Tulisakeun deui sajak anu dibaca atawa diregepkeun maké basa sorangan
d. Tepikeun deui hasil parafrase téh ku cara dibacakeun dihareupeun babaturan.
Dumasar kana carana, parafrase téh aya dua rupa, nyaéta:
1 Parafrase kauger, nyaéta ngarobah sajak kana basa lancaran ku cara nambahan atawa nyelapkeun kekecapan, nepi ka sajak téh kaharti eusi atawa maksudna. Sangkan leuwih jéntré, titénan parafrase kauger kana sajak nu judulna “Bandung” karya Eddy D. Iskandar ieu di handap. Sajak anu diparafrasekeun henteu kabéh, ngan dua pada. Dina parafrase, titénan kecap-kecap beunang nambahan anu nuliskeunana didéngdékeun.
Bandung
Karya: Eddy D. IskandarMun seug nataan jalan
Dipati Ukur Sulanjana Ranggamaléla
Wastukancana Siliwangi Pajajaran
loba kénéh ngaran-ngaran karuhun
nu kalindih ku nu lian
Mun seug nataan papan reklame
China Town Pizza Hut Sukiyaki
McDonald Kentucky Hoka Hoka Bento
ngaran urang mah nyalingkir ka pipir-pipir
Conto hasil parafrase kauger:
Bandung
Karya: Éddy D. Iskandar
Mun seug urang rék nataan jalan di Bandung, bakal manggihan jalan Dipati Ukur, Sulanjana, Ranggamaléla, Wastukancana, Siliwangi, Pajajaran, jeung loba kénéh jalan séjénna anu maké ngaran-ngaran karuhun nu kalindih ku ngaran-ngaran anyar jalan nu lian.
Kitu deui mun seug nataan papan réklameu, urang bakal nempo atawa maca aya China Town, Pizza Hut, Sukiyaki, McDonald, Kentucky, jeung Hoka Hoka Bento. Ngaran-ngaran résklamae anu make basa Sunda atawa makes ngaran urang mah nyalingkir kapipir-pipir, kaéléhkeun ku ngaran tina basa Asing.
2 Parafrase bébas, nyaéta ngarobah sajak kana basa lancaran maké kekecapan sorangan. Kecap-kecap anu aya dina sa jak aslina bisa dipaké bisa ogé henteu. Nu penting naon anu dicaritakeun henteu kaluar tina harti atawa maksud sajak nu aslina. Titénan cara nyusun parafrase bébas ieu di handap.
Sajak “Bandung” karya Éddy D. Iskandar téh eusina nyaritakeun ngeunaan kayaan dayeuh Bandung jaman ayeuna. Loba ngaran-ngaran jalan anu maké ngaran karuhun Sunda, saperti Dipati Ukur, Sulanjana, Ranggamaléla, Wastukancana, Siliwangi, jeung Pajajaran, ayeuna kaéléhkeun pamorna ku ngaran-ngaran jalan anyar. Kitu deui, toko-toko atawa restoran anu maké ngaran Sunda, ayeuna mah geus kaéléhkeun ku toko-toko atawa réstoran anu maké ngaran tina basa asing, kayaning China Town, Pizza Hut, Sukiyaki, McDonald, Kentucky, jeung Hoka Hoka Bento.
7. DRAMATISASI SASTRA
Dina sastra Sunda dramatisasi sastra téh kaasup barang anyar. Gelarna kakara dina taun 1970-an minangka pangaruh tina sastra deungeun. Wangun operét anu geus lila hirup dina sastra deungeun tuluy hirup dina sastra Indonésia, disebutna dramatisasi, anu harita mimiti dipopulérkeun ku Remy Sylado Spk. Jeung kelompok téater STB di Bandung. Ti dinya bisa jadi asal-mulana ieu wangun pagelaran, tuluy tatalépa sarta hirup dina sastra Sunda. Dina pertengahan taun 1970-an Yus Rusyana Spk. ánu ngadegkeun Liga Drama Bumi Siliwangi di kampus IKIP, milu mopulérkeun wangun dramatisasi. Harita kungsi dpagelarkeun “Wangsit Siliwangi” (Wahyu Wibisana), “Ngadagoan Si Jabang” (Yus Rusyana), jsb. Ti harita pagelaran dramatisasi teu kadéngé deui. Kakara aya deui dina taun 1992,anu dipagelarkeun ku Godi Suwarna dina Pesta Sastra Sunda taun harita.
Sawaréh deui mah nyebutna pagelaran sastra. Ari maksudna mah éta-éta kénéh, nyaéta karya sastra anu dipagelarkeun. Naon atuh bédana jeung drama, purna drama, drama swara atawa gending karesmén?
Tangtu matak saru ieu istilah téh kawantu sadapuran. Ngarah aya gambaran, urang téang heula babandinganana. Ti béh ditu kénéh dina sastra Sunda saenyana aya pagelaran anu ngaharib-harib kana dramatisasi téh nyaéta beluk (wawacan anu ditembangkeun). Bédana, dina beluk mah naskah anu dibaca ku juru ilo téh ukur ditembangkeun diaeu-aeu ku nu lianna, ari dina dramatisasi, naskah anu dibaca ku dalang (narator) téh tuluy dibarung ku peta atawa rigig para pamaén. Dina dramatisasi aya narator ti awal tug nepi ka pungkasan carita. Para pamaén nu ngarigig di panggung museur kana carita nu dibacakeun ku narator.
Wangun nu méh sarua jeung dramatisasi nyaéta purna drama, ngan leuwih panjang sarta salian ti unsur sastra jeung drama, dina purna drama mah diutamakeun unsur seni anu séjénna, nyaéta seni swara jeung seni tari. Béda deui jeung drama swara, nyaéta pagelaran drama anu pagunemanana dihaleuangkeun, méh sarua jeung gending karesmen ngan leuwih pondok
Dina taun 1992 dipagelarkeun dramatisasi “Jante Arkidam” (sajak Ajip Rosidi) ku Godi Suwarna. Ti harita mah wangun pagelaran dramatisasi téh beuki dipikawanoh ku balaréa, pangpangna sanggeus Asep Supriatna anu mingpin Teater 7 Damar mindeng nyieun pagelaran dramatisasi. Karya-karya anu kungsi dipagelarkeunana, di antarana waé: Angin Jalan jalan, Eyang Putri Ronggéngsari (carpon Aam Amilia), Walang Peteng (carpon Taufik Faturohman), Bagus Rangin (sajak Ajip Rosidi), Buah Limus Murag ku Angin (carpon Karna Yudibrata), Gusti! Gusti (carpon Godi Suwarna), Lemahcai Kulup (carpon Hadi AKS). Geus Surup Bulan Purnama (carpon Yous Hamdan).
Karya-karya anu dijieun pagelaran dramatisasi téh umumna karya-karya anu geus dimuat dina majalan, koran, atawa buku. tegesna geus kabaca ku balaréa. Nalika éta karya direka jadi naskah dramatisasi, ilaharna sok diraéh deui sarta diémbohan ku wangun séjén, upamana baé, naskah sajak diémbohan ku kawih atawa tembang, naskah carpon diémbohan ku sajak tembang, atawa pupujian, jsb. Ku cara kitu, hiji karya anu diangkat kana wangun dramatisasi sok mér tafsir anu béda, umumna suasana caritana jadi leuwih anteb lantaran geus dipasieup deui téa (Ahmad Hadi, 2004:47-48).
8. MUSIKALISASI SAJAK
Istilah “musikalisasi” asalna tina kecap musik, nyaéta nada atawa sora anu disusun kalawan ngéntép seureuh nepi ka ngandung wirahma, lagu, jeung kaharmoisan, pangpangna nu maké alat-alat nu bisa ngahasilkeun éta sora. Musikalisasi hartina hal ngajadikeun sipatna musik (Moeliono Spk., 1988:602).
Musikalisasi puisi atawa sajak umumna kagiatan midangkeun puisi atawa sajak jadi rumpaka lagu kalawan dibarengan ku musik. Palebah dieu, sajak téh dirobah jadi rumpaka lagu tur dibarengan ku musik.
Aya deui nu boga pamadegan yén musikalisasi puisi téh nyaéta midangkeun puisi (maca sajak atawa déklamasi) anu dibarengan ku latar musik. Dina konsép nu ieu mah, sajak tetep jadi sajak henteu jadi rumpaka lagu.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar