3. WANDA SAJAK EPIK JEUNG LIRIK
a. Sajak Épik
Sajak épik téh sajak anu sifatna ngalalakonkeun, ngadadarkeun, atawa nyaritakeun. Ku lantaran kitu, sajak épik mah biasana panjang. Ku lantaran sifatna ngalalakon, dina sajak épik mah bakal kanyahoan saha tokohna, naon ketakna, jeung kumaha pamustunganana.
Sangkan meunang gambaran, ieu di handap aya sajak épik nu judulna “Janté Arkidam” karya Ajip Rosidi. Janté Arkidam téh salasaurang tokoh jawara anu beunghar ku rupa-rupa ajian jeung kasaktian.
Janté Arkidam
Karya: Ajip Rosidi
Panonna beureum siki saga
Lengeunna seukeut lalancip gobang
Niplasan badan palapah gedang
Arkidam, Janté Arkidam
Di pangaduan di kalangan ronggeng
Ngan hiji jagoan
Arkidam, Janté Arkidam
Ti peuting angkeub ku mendung
Janté raja alam peteng Matek aji panarawangan
Manjing ka liang sasoroting sinar
Jaruji beusi pak gadé milang ku ramona
Ngagisik hayang sidik
Janté mencrong mantri pulisi:
“Ki Mantri, tindakan andika léléwa bikang ngabokong jalma keur tibra!”
Arkidam ditalikung leungeun dua
Sorot matana ngentab seuneuan
Samemeh beak poe kahiji
Jante minggat nitih cahya
Kalauar ti panjara
Samemeh cuntuk peuting kahiji
Mantri pulisi nyungseb di dasar walungan
Teu nyawaan
b. Sajak Lirik
Béda jeung sajak épik anu ngalalakon, sajak lirik mah henteu ngalalakon. Contona:
Do’a
(haturan Pa Oto Iskandar Di Nata)
Karya: Apip Mustopa
jungjunan
pangnangkeupkeun éta nyawa
nu indit taya nu nanya
taya tapakna di dunya
angin
pangusikkeun sapangeusi buana
yén aya sinatria nu perlaya
di wewengkon langit Sunda
bulan
baturan éta nyawa nu ditundung
di tempat baktina taya nu daék ngajungjung
hé panonpoé
geura awurkeun panas nu ngaduruk sagala
sangkan ieu dada
sakumna nyawa Sunda
nyaho boga pahlawan digjaya
Tutugan Gunung Agung 21 Juni 1958
4. HARTI KONOTATIF JEUNG DENOTATIF
Dina sajak sok kapanggih aya kecap-kecap konotatif (kiasan). Ari harti konotatif téh nyaéta harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang séjén. Upamana waé kecap dicangcang dina kalimah (1) jeung (2), najan kecapna sarua tapi mibanda harti anu béda. Kecap dicangcang dina kalimah (1), maksudna téh geus tunangan atawa geus aya mu nanyaan/neundetan omong Sabalikna, ari kecap dicangcang dina kalimah (2) mah mibanda harti sabenerna, nalian beuheung domba kana tangkal. Harti sabenerna atawa saujratna disebut harti dénotatif (saujratna). Ari harti dénotatif téh harti anu langsung nuduhkeun barang nu dimaksudna.
Sangkan hidep leuwih paham perkara harti konotatif jeung dénotatif, titénan kalimah ieu di handap!
- (a) Pulisi keur mancing bangsat sangkan kaluar ti panyumputanana.
(b) Mang Usman keur mancing lauk di balong. - (a) Baheula mah keur miskin ngajénan, ari geus beunghar kalah nincak.
(b) Balik ti sakola, Néng Yumna nincak tai kuda. - (a) Mun dagang hayang maju, kudu bisa ngala leuwihna.
(b) Mang Odang keur ngala jambu di buruan.
Latihan Soal
- Naon anu disebut sajak téh? Kumaha patalina jeung istilah puisi dina sastra Indonésia?
- Kumaha kamekaran sajak dina sastra Sunda?
- Naon anu disebut struktur (adegan; unsur) sajak téh? Cing sebtukeun naon wae unsur pangwangun sajak!
- Naon anu disebut harti konotatif jeung dénotatif dina sajak?
- Saha waé pangarang sajak Sunda anu sajak-sajakna geus dikumpulkeun jadi buku? Cing tataan naon judul bukuna, iraha dipedalkeunana jeung saha pa medal (penerbitna)?
Tidak ada komentar:
Posting Komentar