Minggu, 12 Maret 2023

Materi Aksara Sunda

 

MATERI AKSARA SUNDA

A. NITENAN WANGUN AKSARA SUNDA

Runtuyan abjad aksara Sunda baku téh nyaéta ka-ga-nga, ca ja-nya, ta-da-na, pa-ba-ma, ya-ra-la, wa-sa-ha, fa-va-qa-xa-za, sarta runtuyan aksara sorana a, é, i, o, u, e, jeung eu. Ku lantaran ieu runtuyan, aksara Sunda baku sok disebut ogé minangka aksara Sunda Kaganga.

AKSARA SORA

Aksara sora nyaéta aksara nu boga sora vokal kalawan bisa dituliskeun mandiri. Jumlahna aya tujuh aksara: a, i, u, o, e, é, eu

AKSARA NGALAGENA

Aksara ngalagena atawa disebut ogé aksara wianjana téh aksara konsonan hirup, sabab sakabéhna geus boga sora vokal /a/. Jumlahna aya 23 aksara nu kabagi jadi 18 aksara pikeun sora asli basa Sunda, jeung 7 aksara pikeun sora tina basa serepan.

Aksara ngalagena tina sora basa Sunda & basa serepan:

RARANGKÉN

Rarangkén téh gunana pikeun ngaganti sora vokal, nambah an sora konsonan tengah atawa tungtung, jeung maéhan sora vokal. Rarangkén teu bisa ditulis mandiri, tapi kudu dibarengan ku aksara dasar. Jumlah rarangkén téh aya 13 aksara nu kabagi jadi tilu gundukan dumasar perenahna, nyaéta anu di luhureun aksara dasar, sajajar aksara dasar, jeung di handapeun aksara dasar.

Perenahna di luhur

Rarangkén nu perenahna di luhureun aksara dasar téh nyaé ta panghulu, pamepet, paneuleung, panglayar, jeung panyecek. Pék ilikan wangunna ieu di handap! Tanda O ngawakilan aksara dasar.

  1. Panghulu
    Rarangkén panghulu perenahna di luhureun aksara dasar. Gu nana pikeun ngarobah sora /a/ jadi sora /i/. Contona: ka = jadi ki =.
  2. Pamepet
    Rarangkén pamemet perenahna di luhureun aksara dasar. Gu nana pikeun ngarobah sora /a/ jadi sora/e/. Contona: ba = jadi be =
  3. Paneuleung
    Rarangkén paneuleung perenahna di luhureun aksara dasar. Gunana pikeun ngarobah sora /a/ jadi sora/eu/. Contona: ga = jadi geu =.
  4. Panglayar
    Rarangkén panglayar perenahna di luhureun aksara dasar. Gu nana pikeun nambahan sora /r/ dina ahir aksara dasar. Conto na: ya = jadi yar
  5. Panyecek
    Rarangkén panyecek perenahna di luhureun aksara dasar. Gu nana pikeun nambahan sora /ng/ dina ahir aksara dasar. Con tona: ma = jadi mang =

Perenahna sajajar

Rarangkén anu perenahna sajajar jeung aksara dasar nyaéta panéléng, panolong, pamingkal, pangwisad jeung pamaéh. Ilikan wangunna di handap!

  1. panéléng
    Rarangkén panéléng perenahna sajajar di hareupeun (saméméh) aksara dasar. Gunana pikeun ngarobah sora /a/ jadi sora/él. Contona: ha = jadi hé =
  2. Panolong
    Rarangkén panolong perenahna sajajar di tukangeun (sanggeus) aksara dasar. Gunana pikeun ngarobah sora /a/ jadi sora/o/. Contona: la = jadi lo =
  3. Pamingkal
    Rarangkén pamingkal perenahna sajajar di tukangeun (sang geus) aksara dasar. Gunana pikeun nambahan sora /y/ di te ngah engang aksara dasar. Contona: da = jadi dya =
  4. Pangwisad
    Rarangkén pangwisad perenahna sajajar di tukangeun (sang geus) aksara dasar. Gunana pikeun nambahan sora /h/di ahir engang aksara dasar. Contona: ta = jadi tah =.
  5. Pamaéh
    Rarangkén pamaéh perenahna sajajar di tukangeun (sanggeus) aksara dasar. Gunana pikeun maéhan atawa ngaleungitkeun sora vokal dina aksara dasar. Contona: ga = jadi g =

Perenahna di handap

Ari rarangkén panyuku, panyakra jeung panyiku mah pe renahna aya di handapeun aksara dasar. Pék ilikan wangunna!

  1. panyiku
    Rarangkén panyuku perenahna di handapeun aksara dasar. Gu nana pikeun ngaganti sora /u/ dina aksara dasar. Contona: sa = jadi su =
  2. Panyakra
    Rarangkén panyakra perenahna di handapeun aksara dasar. Gunana pikeun nambahan sora /r/ dina tangah engang aksara dasar. Contona: pa = jadi pra =
  3. Panyiku
    Rarangkén panyiku perenahna di handapeun aksara dasar. Gu nana pikeun nambahan sora /l/ dina tangah engang aksara dasar. Contona: ba = jadi bla =

Tanda Baca (Pungtuasi)

Tanda baca atawa pungtuasi nu dipaké pikeun aksara Sun da baku téh nginjeum sakumna tanda baca aksara Latén. Tanda baca nu umum dipaké di antarana koma (, ), peun, (. ), titik koma (;), deubeul peun (:), panyeluk, (!), pananya (?), kekenteng (“”), panyambung ( – ), tanda kurung (O), jeung sajabana.

Éta sakabéh tanda baca téh bisa dipaké boh dina kalimah, boh paragraf (alinéa), boh dina wacana. Gedéna diluyukeun jeung wangun aksara Sunda.

Angka (Wilangan)

Angka atawa wilangan dina aksara Sunda jumlahna aya sapuluh. Ilikan wangunna ieu di handap!

B. MEDAR PERKARA AKSARA SUNDA

Aksara Sunda baheulana mah dipaké dina prasasti jeung naskah-naskah kuna. Nya disebutna aksara Sunda kuna. Pra sasti nu kapanggih mimiti ngagunakeun aksara Sunda kuna téh prasasti Kawali, nu aya di wewengkon Ciamis. Ieu prasasti di jieunna kira-kira abad ka-14 M. Aksara Sunda kuna dipaké nepi ka ahir abad ka-17 M. Satuluyna kasilih ku aksara Cacarakan (Jawa), aksara Pégon (Arab-Sunda), jeung kiwari aksara Latén.

Nepi ka ahir taun 1980-an urang Sunda leuwih mikawanoh aksara Cacarakan atawa Hanacaraka nu asalna ti Jawa. Malah mah sok disebut aksara Sunda. Tapi éta téh anggapan nu salah. Nu matak, aksara Cacarakan mah ku para ahli dianggap lain aksara asli Sunda.

Tina hasil ngaguar naskah jeung prasasti, para ahli nga wanohkeun deui wangun aksara Sunda anu asli, minangka hasil karancagéan urang Sunda anu leuwih mandiri. Aksara Sunda nu diwanohkeun deui kiwari téh lain aksara Sunda kuna, tapi aksara Sunda baku atawa aksara Sunda standar.

Aksara Sunda Standar téh aksara anu dirarancang kalawan kritéria anu tangtu. Ku kituna mibanda kasarageman wangun dasar jeung katangtuan husus lianna. Aksara Sunda standar geus dikaji kalawan gemet ku para ahli, nu matak wangun na ditimbang-timbang sangkan bisa nyumponan kabutuhan pikeun digunakeun dina basa Sunda kiwari.

Aksara Sunda baku téh geus distandarisasi jeung diaku sacara internasional kana Unicode taun 2008. Standarisasi anu geus diupayakeun téh bisa dipaké minangka acuan pikeun ru pa-rupa pangrojong mekarkeun aksara Sunda.

Ari runtuyan abjadna nyaéta ka-ga-nga, ca-ja-nya, ta-da-na, pa-ba-ma, ya-ra-la, wa-sa-ha, fa-va-qa-xa-za, sarta runtuyan aksara sorana a, i, u, é, o, e, jeung eu. Ku lantaran ieu runtuyan, aksara Sunda baku sok disebut ogé minangka aksara Sunda Kaganga.

C. NYUNGSI PADIKA NULIS AKSARA SUNDA

Aya sababaraha katangtuan nu kudu diperhatikeun dina nuliskeun aksara Sunda téh. Pék tengetan béréndélanana ieu di handap!

1. Aksara Sunda ditulis ti kénca ka katuhu, kitu deui nuliskeun angka, sarua ti kénca ka katuhu. Tapi aya iwalna pikeun rarangkén anu ditulis di luhur atawa di handapeun aksara dasar. Contona:

2. Unggal nuliskeun kecap dipisahkeun ku spasi atawa lolongkrang engang. Contona “diajar basa Sunda” ditulis:

3. Aksara Sunda téh sistem alpabétna silabik, nyaéta ung gal aksara dasar ngawakilan hiji engang (suku kecap). Aya bédana jeung aksara Latén anu maké sistem fonétik. Ari aksara Latén mah unggal aksarana téh ngawakilan hiji sora (foném). Dina sistem silabik upama nuliskeun kecap “bapa” cukup ditulis ku dua aksara nyaéta ” (ba), (pa)”, tapi dina sistem fonétik mah kudu ditulis ku opat aksara “b, a, p, a”.

4. Aksara Sunda teu mibanda aksara kapital, jadi teu dibéda- keun antara aksara leutik jeung aksara kapital. Contona baé nuliskeun “Gunung Tangkuban Parahu” taya bédana jeung nulis “gunung tangkuban parahu”, dina aksara Sunda mah jadi

5. Nuliskeun singgetan jeung akronim nu maké aksara Latén, upama maké aksara Sunda, unggal aksara ngalagena nu di singget kudu maké rarangkén pamaéh. Contona:

6. Kecap serepan asing kudu diluyukeun heula éjahanana dina basa Sunda, tuluy dituliskeun ku aksara Sunda. Conto na: handphone dibaca hénpon tuluy ditulisna jadi. Ari sababna, aksara Sunda mah ditu liskeunana luyu jeung sora nu kaluar tina ucapanana.

7. Tanda baca atawa pungtuasi nu dipaké sarua jeung tanda baca aksara Latén.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Nyaritakeun Isi Babad

 Nyaritakeun Isi Babad