MATERI TARJAMAHAN BAHASA SUNDA
DAFTAR ISI
A. MEDAR PERKARA MATERI TARJAMAHAN BAHASA SUNDA
Istilah “tarjamah” téh asalna tina basa Arab. Ari dina basa Inggris mah disebutna “translation”. Tarjamah téh prosés mindahkeun hiji amanat tina basa sumber kana basa panarima (sasaran) kalawan ngungkab ma’na jeung gaya basana (Widyamartaya, 1989). Dina istilah séjén disèbut ogé alih basa. Béda jeung istilah transliterasi (alih aksara) jeung transkripsi (alih wangun tina ucapan kana tulisan).
B. WANDA TARJAMAHAN
Narjamahkeun téh lain pagawéan énténg, sabab perlu paham kana maksud nu dikandung dina basa sumberna. Aya sababaraha wanda tarjamahan dumasar kana cara jeung hal anu museur pikeun ditarjamahkeunana. Nurutkeun Widyamartaya & Sudiati (2005) wanda tarjamahan téh umumna aya genep, nyaéta:
1. Tarjamahan Interlinèar
Nyaéta tarjamahan unggal kecap, dumasar kana runtuyan kecap kana basa aslina. Ieu tarjamahan téh gunana pikeun mikanyaho wangun jeung susunan kecap dina basa aslina unggal baris, bari teu kudu diajar heula basa sumberna. Umumna wanda tarjamahan interlinèar mah hésé dipikaharti sabab kekecapanana tina basa sasaran tapi susunan kecap jeung kalimahna nuturkeun basa sumberna.
2. Tarjamahan Formal atawa Harfiah
Nyaéta tarjamahan biasa (tradisional) anu mindahkeun basa naskah tina basa sumber bari teu merhatikeun kahususan basa sasaran. Wangun basa aslina sabisa-bisa dipertahankeun sanajan sakapeung mah hartina sok karasa kurang marenah dina basa sasaran. Ieu cara narjamahkeun téh ngupayakeun sasaruaan kecap antara basa sumber jeung basa sasaran dina aspék léksikal (kecap) jeung sintaksis (kalimah). Ieu tarjamahan museur kénéh kana struktur lahir.
3.Tarjamahan Dinamis/Fungsional
Mindahkeun basa anu mertahankeun ma’na anu dikandung dina basa sumber, sarta merhatikeun kahususan dina basa sasaran. Aya ogè anu nyebut minangka “Tarjamahan idiomatis” (idiomatic translation).
Jadi, cara nerjamahkeun nu kieu mah daria pisan dina nèangan sasaruaan kecap anu wajar jeung pangdeukeutna dina basa sasaran anu bisa ngèrèhkeun harti jeung fungsi anu dikandung dina tèks basa aslina. Ieu tarjamahan tèh gèdè pisan gunana pikeun mikanyaho ma’na, berita, atawa amanat anu aya dina naskah nu ditarjamahkeun.
4. Saduran
Nyaèta hasil tarjamahan bèbas (free translation) anu mentingkeun amanat, tapi ngèbrèhkeun anu makè kekecapan sorangan. Nu kaasup wanda ieu tarjamahan tèh aya tilu nyaèta:
a. Tarjamahan sastra (literary/aestethic -poetic translation)
Anu nerjamahkeun karya sastra saperti puisi jeung drama kalawan museurkeun wangun-wangun puisi, konotasi èmotif, jeung gaya basa;
b. Tarjamahan faktual (fragmatic translation)
Anu ngutamakeun nganalisis fakta, hususna dina widang usaha (niaga) jeung tèknologi;
VAnu tujuanana pikeun ngawanohkeun eusina dina basa anu hirup jeung gampang anu dipikaharti, tapi dina prak-prakana leuwih bèbas pikeun ngasupkeun pamanggih pribadi nu narjamahkeun kana naskah.
5. Tarjamahan Budaya
Nyaèta narjamahkeun ma’na tapi ngaluyukeun jeung kabudayaan sasaran. Mindeng diwuwuhan informasi anu teu kaunggel dina basa sumberna. Disebut ogè” nafsirkeun deui nurutkeun kabudayaan” (cultural interpration).
Jadi, eusi tèksna dièbrèhkeun deui makè kekecapan sorangan luyu jeung kontèks kabudayaan nu narjamkeun jeung nu maca dina bisa sasaran ieu tarjamahan.
6. Tarjamahan Otomatis
Nyaèta ngagunakeun alat pikeun mindahkeun basa hiji naskah tina basa sumber kana basa sasaran. Ku cara ieu pagawèan narjamahkeun tèh jadi leuwih èntèng. Tapi pakakas pikeun narjamahkeun sacara otomatis tèh acan panceg sarta masih terus dimekarkeun nepi ka kiwari.
Pikeun teks-teks prosa, narjamahkeun tèh moal pati bangga saperti narjamahkeun puisi. Sanajan kitu, ari dina prak-prakanana mah lain perkara nu èntèng. Salah sahiji karya sastra dina wangun prosa hasil tarjamahan nyaèta buku kumpulan carpon (carita pondok) “Nèng Maya jeung Carita-carita lianna”(2014) anu ditarjamahkeun kana basa inggris “Miss Maya and Other Sundanese Stories” (2014) ku C.W. Watson.
Eta kumpulan carpon tèh eusina carita-carita ti sajumlahing pangarang Sunda anu ngagambarkeun kaayaan jeung suasana nu ilahar dialaman, kapanggih jeung disikepan ku masarakat Sunda. Tèma carpon-carpon dina “Nèng Maya jeung Carita-carita lianna” tèh kawilang lega: kasusah nu dialaman rahayat leutik jaman kiwari, saperti guru honorèr atawa tukang ojeg, sarta èta kaayaan tèh disekapan ku cara anu has urang Sunda; dunya gaib; sajarah tanah sunda jaman bihari; romantika; jeung sajabanna.
Aya deuih sawatara karya sèjènna nu ditarjamahkeun tina basa asing kana basa Sunda, diantarana “Boule De Suif” karya Guy De Maupassant tina basa Prancis ditarjamahkeun ku Duduh Durahman jadi “Si Demplon” (2013), carita “Winnetou” karya Karl May ditarjamahkeun tina basa Inggris ku Syarif Amin jadi “Rajapati”. Ari karya nu ditarjamahkeun tina basa Sunda kana basa Indonesia contona “Rasiah Geulang Rantay” karya Nani Usma ditarjamahkeun ku Zuber jadi “Rahasia Gelang Rantai” (1957).
Tidak ada komentar:
Posting Komentar