Kamis, 27 Juli 2023

Materi Dongeng Sunda Bagian 1

 

DONGENG SUNDA : CIRI-CIRI PAPASINGAN UNSUR & CONTO

Méh unggal sélér (suku) bangsa nu aya di Indonésia mibanda dongéng. Sélér Sunda nya kitu deui, loba dongéng anu lain ngan sakadar “ngabobodo budak céngéng”, tapi dongéng anu gedé ajénna bekel keur kahirupan. Hanjakal tradisi ngadongéng kiwari geus mimiti jadi “barang langka”. Tradisi ngadongéng téh tradisi lisan. Kiwari lantaran kolot (pangpangna indung urang) geus langka ngadongéng, atuh taya salahna robah jadi tradisi maca, maca dongéng. Enya, apan ayeuna geus loba dongéng nu dituliskeun, nya hidep tinggal maca waé. Malah kamari-kamari mah dongéng osok ogé dibacakeun dina radio, ayeuna geus mimiti langka deui.

A. AJEN ATIKAN DINA DONGENG

Dongéng téh kaasup kana golongan carita, umumna carita anu parondok. Hiji hal anu ngabédakeun dongéng jeung golongan carita lianna pangpangna dina jalan caritana, palakuna, atawa waktu kajadianana loba anu teu katepi ku akal (pamohalan). Najan kitu, keur nu ngabandunganana pangpangna barudak tinangtu baris ngumbar pantasi anu pohara.

Dongéng jadi pohara dipikaresepna, pangpangna ku barudak. Ku ngabandungan dongéng sacara teu langsung budak diwawuhkeun jeung rupa-rupa atikan. Kituna téh lantaran dina dongéng mah leubeut naker ku ajén-ajén atikan. Nya ajén atikan pisan anu ngajadikeun ciri pangpentingna dina dongéng. Upamana baé, atikan kacerdasan, atikan kaéndahan, jeung atikan kasusilaan.

Pieunteungeun jeung picontoeun méh aya dina unggal dongéng,  komo dina dongéng kuya jeung monyét mah. Anu goréng niat, jail, jeung kaniaya diwakilan ku tokoh monyét, sedengkeun anu sabar jeung asakjeujeuhan diwakilan ku tokoh kuya. Dina ahir carita, nya monyét pisan anu cilaka. Ku ngabandungan polah monyét jeung kuya, budak bakal langsung ngabalad ka kuya sarta ngamusuh ka monyét. Dina harti séjén, mihak bebeneran sakaligus ngajauhan kadoliman.

Ajén kacerdasan atawa kapinteran biasana diwakilan ku tokoh peucang. Dina kaayaan keur sakumaha bahayana sarta kauger ku waktu anu pohara heureutna, peucang teu weléh bisa nyalametkeun diri ku pitulung akalna. Tétéla, kacerdasan téh pohara pentingna dina kahirupan.

Atikan anu ngébréhkeun pentingna silihpikanyaah jeung silihbélaan jeung dulur katangén dina dongéng “Budak Pahatu”. Ieu dongéng picontoeun téh nyaritakeun dua budak pahatu adi lanceuk. Waktu keur ngala kupa adina dilegleg oray, ku bélana nu jadi lanceuk sanggeus digeberan ku hihid kabuyutan adina jadi hirup deui. Kajadian séjénna waktu keur lalayaran, lanceukna aya nu ngabedil, ku bélana nu jadi adi éta layon téh digeberan ku hihid kabuyutan bisa hirup deui. Tétéla, dongéng pohara dipikaresepna ku barudak tug ka kiwari. Kitu deui dina dongéngdongéng Si Kabayan, najan katémbong leuwih nonjol unsur banyolna, tapi lamun seug enya-enya dipalu-ruh mah loba naker pieunteungeunana.

B. CIRI-CIRI DONGENG SUNDA

Tina katerangan di luhur bisa disebutkeun yén ciri-ciri dongéng téh, di antarana waé: (1) sumebarna sacara lisan, (2) teu kanyahoan saha nu ngarangna (anonim), (3) ngagunakeun basa lancaran, (4) eusi caritana mangrupa rékaan, malah réa anu pamohalan, jeung (5) ukuranana ilaharna pondok

C. PAPASINGAN DONGENG SUNDA

Ditilik tina eusi jeung palakuna, dongéng bisa dipasing-pasing jadi lima bagian, nyaéta (1) fabél, dongéng nu nyaritakeun kahirupan sastoan, (2) parabél, dongéng nu nyaritakeun kahirupan jalma biasa, (3) légenda, dongéng nu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan, (4) mite, dongéng anu nyaritakeun mahluk ciciptaan bangsaning jurig jeung siluman, (5) sagé, dongéng anu nyaritakeun jelema atawa kajadian nu ngandung unsur sajarah, osok ogé disebut dongéng babad.

D. UNSUR-UNSUR DONGENG SUNDA

Kajaba ti papasingan dongéng saperti nu geus ditétélakeun di luhur, aya ogé unsur-unsur intrinsik/nu aya di jero dongéng, nya éta:

1. Téma
Téma/jejer carita atawa istilah séjénna puseur implengan, nya éta poko pasualan atawa idé nu hayang ditepikeun ku pangarang.

2. Galur
Galur nya éta runtuyan kajadian anu aya patalina antara kajadian nu hiji jeung kajadian nu séjén, ti mimiti nepi ka pungkasan carita. Upama dipasing-pasing galur bisa kabagi jadi galur mérélé, galur mobok tengah, jeung galur ti heula pandeuri. Galur mérélé téh carita dimimitian ku mangkat carita atawa carita ti mimiti lumangsungna carita (awal), maju ka tengah terus maju nepi ka dipungkas ku ahir carita. Galur mobok tengah nya éta carita anu umumna mah sok langsung nyaritakeun penggelan carita anu pangraména. Béda jeung galur mérélé, karangan anu maké galur mobok tengah mah tara kungsi ngawanohkeun kaayaan palaku jeung tempat lumangsungna kajadian sacara papanjangan. Galur ti heula pandeuri nya eta karangan anu ngamimitian carita tina “buntut”-na heula, tuluy maju ka tengah nepi ka pungkasanana. Jadi galur tiheula pandeuri mah sabalikna tina galur mérélé.

3. Palaku
nya éta pihak-pihak anu ngalalakon dina carita.

4. Latar
nya éta tempat jeung waktu lumangsungna kajadian dina hiji carita.

5. Amanat
nya éta jejer pikiran pangarang anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca ngaliwatan carita nu dikarangna.

LATIHAN 1

1. Naon anu ngabédakeun dongéng jeung carita lianna?
2. Ari ciri anu pangpentingna dina dongéng naon?
3. Naon sababna dongéng pohara dipikaresepna ku barudak?
4. Ajén atikan naon baé anu ngancik dina dongéng téh?
5. Sebutkeun unsur-unsur dina Dongeng !

Link tugas 1 Dongeng


https://forms.gle/3WaG7CSkNTfUvMyM8

1 komentar:

Nyaritakeun Isi Babad

 Nyaritakeun Isi Babad