Minggu, 05 November 2023

Materi Wawancara Bagian 1

 


MATERI WAWANCARA SUNDA

DAFTAR ISI

o    A. MATERI WAWANCARA SUNDA

o    B. STRUKTUR WAWANCARA

o    C. TATAKRAMA BASA

o    D. KAGIATAN WAWANCARA

§  1. Tatahar

§  2. Ngalaksanakeun Wawancara

o    E. NYUSUN LAPORAN WAWANCARA

§  LATIHAN 1

§  CONTO WAWANCARA

§  MATERI WAWANCARA SUNDA LATIHAN 2

A. MATERI WAWANCARA SUNDA

Wawancara téh dina basa inggris disebutna interview, asal tina kecap inter (antara lolongrang ) jeung view ( paniten panempo ). Nilik kana rucatan kecap kitu, wawancara téh bisa dihartikeun kagiatan guneman atawa tanya jawab antara dua urang atawa leuwih sacara langsung atawa anu ngawawancara jeung nu diwawancara. Ku ayana kamekaran téknologi, wawancara gé bisa dilaksanakeun jarak jauh ngaliwatan média internét anu disebut video conference.

B. STRUKTUR WAWANCARA

a. Bubuka
Bubuka dina wawancara gunana pikeun ngarahkeun naon-naon nu rék didiskusikeun, sarta nu bakal dilakukeun dina wawancara. bubuka téh perlu pikeun nyiptakeun hubungan abu hadé antara nu ngawawancara jeung narasumberna.

b. Eusi
Bagian eusi téh poko tina wawancara. Dina tahap ieu nu ngawawancara jeung narasumber silih pairan jeung méré tanggapan, nanya jeung ngajawab. Cindekna, duanana keur aya dina inti kagiatan kalawan maksud jeung ugeran wawancara anu geus dijangjikeun ti anggalna.

c. Panutup
Ieu tahap téh mangrupa kagiatan nyindekeun jeung nutup wawancara. Dina panutup, sanggeus wawancarana cukup jeung geus direkam atawa diringkes eusi poko-pokoan, tuluy diterangkeun éta hasil wawancara téh bakal dikumahakeun.

C. TATAKRAMA BASA

Dina prosés ngawawancara téh basa anu dipaké ilaharna maké ragam lemes atawa hormat. Maksudna pikeun ngajénan atawa ngahormat ka nu diwawancara. Dina laporan hasil wawancara wangun narasi mah umumna maké basa loma jeung basa hormat. Basa loma dipakéna pikeun narasi, ari basa hormat dipaké dina unggelan cutatan kalimah langsung ti narasumberna.

D. KAGIATAN WAWANCARA

Kagiatan wawancara téh bisa lumangsung upama rarancangna geus ditataharkeun jeung disusun. Aya tilu tahap dina ngalaksanakeun wawancara téh, nyaéta tatahar, ngalaksanakeun wawancara, jeung nyusun laporan wawancara.

1. Tatahar

Prosés tatahar saméméh ngawawancara téh umumna ngawengku tilu kagiatan, nyaéta nangtukeun téma, nangtukeun narasumber, jeung nyusun daptar pananya.

a. Nangtukeun Tema
Nangtukeun heula téma atawa poko pasualan anu rék jadi bahan wawancara. téma anu bisa dipilih téh réa pisan, upamana téma pendidikan, lingkungan hirup, pakasaban, kalangenan atawa pangaresep, jeung réa-réa deui.

Nangtukeun tema teh bisa ogé diluyukeun jeung kajadian atawa waktu anu keur lumangsung upamana dina bulan Ramadan témana bisa “pasantren kilat”, “ngabuburit”, jsb

b. Nangtukeun Narasumber
Nangtukeun narasumber téh tangtuna kudu merenah. Saha-saha nu rék dijadikeun narasumber téh bakal jadi dasar pikeun naon-naon nu rék ditanyakeun. Ari narasumber téh kudu jalma anu pangnyahona kana téma atawa poko pasualan. Upamana baé jalma anu ngalaman langsung, saurang ahli dina widang nu tangtu, pajabat anu mancén tugas, jrrd

Minangka contona, upama dina téma ngeunaan “dagang di pasar tradisional”, anu bisa dijadikeun narasumberna nyaéta padagang di pasar tradisional.

Dina waktu nangtukeun narasumber, hidep ogé bisa sakalian nangtukeun média pikeun wawancara. Upama rék ngalaksanakeun wawancara kalayan langsung tepung jeung narasumberna atawa teu langsung, upamana maké télépon, surat, émail, videocall, jeung média séjénna.

c. Nyusun Daptar Pananya
hasil wawancara téh gumantung kana kaparigelan anu ngawawancarana, utamana dina nyieun jeung ngajukeun pananya anu merenah. Ari pananya téh kudu dumasar kana téma anu geus ditangtukeun.

Hidep bisa nanyakeun rupa-rupa hal nu aya hubunganana jeung katerangan anu dibutuhkeun. Upamana baé kasangtukang, tujuan, wangenan, léngkah-léngkah, mangpaat, hasil, harepan, jeung saran. Daptar pananya téh hadéna dumasar kana unsur berita 5W +1H nyaéta what (naon), who (saha), where (di mana), when (iraha), why (naha), jeung how (kumaha).

2. Ngalaksanakeun Wawancara

Upama kagiatan tatahar geus dilaksanakeun kalawan lengkep, mangka hidep tuluy bisa ngalaksanakeun tahap wawancara.

a. Jelaskuen heula identitas diri jeung sebutkeun tujuan hidep ngawawancara
b. Mawa buku catetan, alat tulis, atawa alat pangrekam dina waktu wawancara
c. Mimitian wawancara ku pananya anu basajan/énténg jeung sipatna umum.
d. Regepkeun pamanggih jeung informasina kalawan daria.
e. Singkahan pananya anu bulat-beulit. hadena mah kana inti nu rék ditanyakeun
f. Ajenan pituduh jeung sarat ti narasumber, upamana “of the record” (rasiah), “no comment” (moal ngajawab)
g. Tembongkeun kesan anu hadé sanggeus ngawawancara narasumber. ulah poho pikeun amitan, sasadu tuluy nganuhunkeun.

E. NYUSUN LAPORAN WAWANCARA

Sanggeus ngalaksanakeun wawancara ka saurang narasumber, hasilna téh bisa dijieun laporan. Wangun laporan wawancara téh bisa disusun dina wangun dialog (tanya-jawab) atawa wangun narasi.

1. Wangun Dialog
Pikeun nulis laporan hasil wawancara dina wangun dialog (tanya-jawab), hidep kari nuliskeun deui unggal pananya jeung jawabanana kalawan lengkep. hidep kudu inget yén pananya anu lengkep kudu ngandung unsur 5W + 1H.

2. Wangun Narasi
Nuliskeun hasil wawancara dina kalimah wangun narasi téh maké téhnik carita atawa kalimah pedaran. Carana nyaéta ku ngarobah kalimah langsung jadi wangun teu langsung bagian inti tina wawancara.

LATIHAN 1

  1. Naon ari wawancara téh?
  2. Bubuka dina wawancara téh gunana pikeun?
  3. Kumaha tahapan eusi dina wawancara?
  4. Jéntrékeun Bagian panutup dina wawancara!
  5. Dina wawancara ilaharna make ragam basa naon?
  6. Jéntrékeun tahapan tatahar dina ngawawancara?
  7. Saupama kagiatan tatahar geus dilaksanakeun, mangka hidep tuluy bisa ngalaksanakeun tahapan wawancara nyaéta?
  8. Naon ari nyusun laporan dina wangun dialog téh?
  9. Naon ari nyusun laporan dina wangun narasi téh?
  10. Teangan kecap-kecap anu teu dipikaharti dina ieu matéri! Tuluy téangan hartina dina kamus!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Nyaritakeun Isi Babad

 Nyaritakeun Isi Babad