Minggu, 19 November 2023

Carita Babad Bagian 1

 


MATERI CARITA BABAD SUNDA

DAFTAR ISI

o    A. MEDAR PERKARA CARITA BABAD

o    B. STRUKTUR CARITA BABAD

o    C. NGARINGKES CARITA BABAD

o    D. LENGKAH-LENGKAH NYIEUN RINGKESAN

o    MATERI CARITA BABAD SUNDA LATIHAN 1

o    CONTO CARITA BABAD

o    MATERI CARITA BABAD SUNDA LATIHAN 2

A. MEDAR PERKARA CARITA BABAD

Dina kabeungharan pustaka sunda aya sawatara naskah buhun (manuscript, handscript) nu digolongkeun kana kelompok babad. Babad nyaéta wanda carira anu ngandung ajén sajarah atawa raket hubunganana jeung sajarah. Istilah babad dina pustaka Sunda téh asalna ti Jawa. Samémehna mah disebut carita baé. Upama carita Parahiyangan, carita Ratu Pakuan jeung carita Waruga Guru. Iwal ti éta istilah séjén nu dipaké dina pustaka Sunda téh sajarah, misalkan sajarah Sukapura.

Naskah Sunda kelompok babad nu geus kapaluruh téhjumlahna kawilang réa, nu ngawengku puluhan judul saperti nu bisa katéang dina katalog-katalog naskah Sunda nu geus medal. Sawatara naskah babad téh kiwari aya nu bisa ditéangan kalawan gampang, sawaréhna deui bisa ditéangan tapi teu gampang.

Numutkeun M.A Salmun (1963) babad téh sabangsa sajarah anu henteu teges historisna, henteu beunang dicekel deleg dokuméntasina, tampolana eusina sok dibauran ku saga (sage) légénda jeung mitos atawa fabél.

Eusi babad téh umumna mangrupa carita nu aya patalina jeung hiji patempatan sarta dipercaya minangka sajarah. babad réréana ditulis dina wangun wawacan sababaraha contona nyaéta Babad Banten, Babad Cerbon, Babad Galuh, Babad Pajajaran jrrd.

B. STRUKTUR CARITA BABAD

Babad téh kaasup karya aastra wangun wawacan. ari wawacan téh umumna nganogaan unsur struktur nu maneuh, nyaéta manggalasastra (alofon), eusi, jeung panutup atawa klofon.

a. Manggalasastra Eusina sanduk-sanduk atawa ménta widi ka Nu maha kawasa jeung karuhun, sastra ménta panghampura kana kahéngkéran nu nulis atawa nu nyusun éta wawacan. Pernahna manggalsastra téh biasana di bagian hareup atawa awal, saméméh ngamimitian carita. contona:

Kasmaran panganggit gending
Basa Sunda lumayanan
Kasar sakalangkang awon
Kirang tindak tatakrama
Ngarang kirang panalar
Ngan bawining tina maksud
Medarkeun pusaka rama

b. Eusi Nyaéta poko carita tina babad. dina ieu bagian dicaritakeun lalakon babad ti mimiti kajadian, lalampahan tokoh, jeung konflik. contona:

Pupuh Asmarandana

Ari anu jadi kawit, Sangyang Prabu Boros Ngora, Mangkon Panjalu karaton, ngalajengkeun ti ramana, éstu tanah pusaka, kasebat dayeuh Panjalu, nelah dumugi ayeuna.

Ti dinya ngabangun deui, damel situ gedé pisan, anu dinga ranan Léngkong, dikinten éta legana, satus pat puluh bata, étangan nu enggeus tangtu, sakitu anu gumelar.

Sareng aya hiji deui dina tengah situ éta, nusa basa jawa pulo, nu didamel padaleman, lir kuta saputerna, situ ngawengku kadatun, mungal waas nu ningalan.

Pinggir cai bumi mantri, kalér kidul kulon wétan, bérés parélé sakabéh, katampi ku paimahan, para abdi sadaya, katingalna surup payus, tur masih anyar babakan.

Eukeur musim sarwa jadi, pepelakan rupa-rupa, kadu manggu jeruk paséh, dukuh pisitan rambutan, jeruk bali jeung kalar, jeruk manis mipis purut, kadongdong jeung gandaria.

c. Klofon Pernahna dina ahir carita minangka panutup atawa pamungkas carita. Eusina titimangsa ditulis atawa disalina éta babad dina wangun pupuh. Dina ieu bagian nu nulis ménta panghampura kana sagala rupa kakurangannana, lantaran nu nulis ngarumasakeun kahéngkéran dirina dina nulis éta babad atawa wawacan. Contona:

titimangsa tamat abdi nulis,
nuju pasaran pon,
kaleresan siang poé Senén,
sasih Juli ping sapuluh yakin,
salapan ratus muni,
sareng lima éstu,

nuju kaping opat welas muni,
Désémber sayaktos,
tahun séwu dalapan ratus kénéh,
Kangjeng Srimaraja parantos masih,
sahiji medali
tanda satya tuhu

tawis rumah tangga sim abdi
désa nu kasohor
di Maparah lungguh kuwu kénéh
tawis Prajadinata pribadi
Sih pangaksa Gusti
Abdi kaulanun.

Kasambung ku para putra nu anom di dinya matuh.

(Dicutat tina Babad Panjalu, C.M. Pleyte, 1982, k. 129-130)

C. NGARINGKES CARITA BABAD

Carita babad téh naskah aslina mah kandel pisan. Umumna bisa nepi ka ratusan kaca. ku kituna perlu pisan dijieun ringkesanana aangkan leuwih gampang mikaharti eusi carita.

Dina prosés ngaringkes téh kudu tetep mertahankeun susunan eusi jeung poko pikiran anu nulisna. Aya dua hal anu kudu dipigawé dina nyieun ringkesan.

1. mampuh mahamkeun eusi bacaan nu rék diringkes kalawan daria.
2. mampuh nyusun deui idé-idéna, bari tetep kudu mertahankeun susunan eusi jeung poko pikiran nu nulisna.

D. LENGKAH-LENGKAH NYIEUN RINGKESAN

1. Maca naskah asli. lengkah ka hiji nyaéta maca naskah aslina sacara gembleng pikeun mikanyaho kesan umum jeung maksud pangarangna.

2. Nyatet gagasan utama. sakabéh gagasan utama atawa poko pikiran nu penting kudu dicatet atawa ditandaan.

3. Nuliskeun deui carita babad. carana nyieun kotretan ringkesan maké kalimah sorangan dimasar kana gagasan utama

4. Pariksa deui. maca deui kotrétan ringkesan baru dibebener deui upama aya kasalahan.

MATERI CARITA BABAD SUNDA
LATIHAN 1

  1. Naon ari babad téh?
  2. Naon ari eusi babad téh?
  3. Naon ari manggalasastra téh?
  4. Tuliskeun kalawan singget eusi atawa poko carita tina babad?
  5. Naon ari klofon téh?
  6. Aya dua hal anu kudu dipigawé dina nyieun ringkesan. Pék sebutkeun!
  7. Jéntrékeun lengkah-lengkah nyieun ringkesan!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Nyaritakeun Isi Babad

 Nyaritakeun Isi Babad