Hasil
Wawancara
Ngeunaan Bahaya Narkoba jeung Hiv
(Laporan disusun wangun tanya jawab)
Nu Nanya : “Pa, punten abdi badé nyuhunkeun katerangan, kintenkinten naon baé
masalah anu dipayunan ku pamaréntah akibat tina narkoba téh?”
Narasumber : “Kiwari narkoba mémang jadi masalah, lain baé keur
pamaréntah, tapi keur sakumna masarakat, ogé lain ukur di Indonesia, tapi di
unggal nagara di sakuliah dunya. Ari nu jadi sababna narkoba téh bisa ngaruksak
mental bangsa, utamana barudak ngora.”
Nu nanya : “Kumaha kaayaan jalma anu ngagunakeun narkoba dina
mangsa kiwari téh Pa?”
Narasumber : “Justru éta kaayaanana geus matak pikahariwangeun. Nu
nyalahgunakeun narkoba ti taun ka taun téh lain ngurangan, geuning kalah
ngaronjat. Tah ieu téh pagawéan anu beurat pikeun pamaréntah mah .”
Nu Nanya : “naon waé anu karandapan ku jalma anu ngagunakeun
narkoba téh, Pa?”
Narasumber : “Sakur nu nyalahgunakeun narkoba, utamana nu
ngagunakeun jarum suntik, baris nimbulkeun masalah séjénna, salasahijina
nyebarna virus HIV.”
Nu Nanya : “Kinten-kinten naon nu nyababkeun éta jalma wani-wani
ngagunakeun narkoba?”
Narasumber : “Ari nu jadi sababna mah rupa-rupa, aya faktor
psikologis, biologis, sosial, katut spiritual saperti kurangna bingbingan
atikan agama. Lamun jalma nu geus katagihan sok hésé ngeureunkeunana. Matak
urang ulah sakali-kali kumawani ngagunakeun narkoba, lamun geus katagihan mah
hésé ubarana.”
Nu Nanya : “Kumaha sangkan ieu kasus narkoba téh teu nerekab ka
generasi ngora?”
Narasumber : “Sangkan ieu masalah téh teu nerekab, perlu diihtiaran
kalawan soson-soson, di antarana ku cara ngalibetkeun pamaréntah, LSM, kaasup
ogé média massa, jeung pusat réhabilitas HIV/AIDS.”
Nu Nanya : “Tarékah naon kinten-kintenna sangkan jalma-jalma
hususna generasi ngora teu kalibet ngagunakeun narkoba?”
Narasumber : “Anu leuwih utama mah dijaga timimiti lingkungan
kulawarga. Barudak salaku generasi ngora dididik ku atikan agama sangkan
pengkuh kaimanannana. Salian ti éta, méré nyaho sangkan barudak apal yén
narkoba téh barang haram anu dilarang ku agama jeung pamaréntah. Sabab bakal
ngaruksak méntal jeung runtuhna nagara.
Nu Nanya : “Naha tina narkoba tiasa ngaruntuhkeun nagara?”
Narasumber : “Nya muhun, pan narkoba mah bisa ngaruksak pisik jeung
méntal. Awak ruksak, pikiran kaganggu, teu bisa konséntrasi, da pikiranana
pinuh ku lamunan nu teu pararuguh. Tah lamun generasi ngora geus kitu, saha anu
baris ngolah nagara? Antukna nagara moal aya nu maliré. Tah ieu pisan anu
dipikahariwang ku sakumna masarakat Indonesia téh.”
MATERI WAWANCARA SUNDA
LATIHAN
2
Sabada maca pedaran jeung conto
laporan wawancara di luhur pék pigawé ieu pancén di handap!
- Buatlah Wawancara nu ngawengku pertanyaan model 5 W jeung 1H. Tema wawancara bebas
what (naon) : ………
where (dimana) : ………
when (iraha) : ………
who (saha) : ………
why (naha) : ………
how (kumaha) : ………
Tidak ada komentar:
Posting Komentar