Teu saeutik jalma nu rampang-reumpeung
upama dibéré pancén nyarita atawa biantara di hareupeun jalma réa. Bingung,
naon anu kudu dicaritakeunana. Métode nyarita ngawengku: (1) métode impromtu,
(2) métode naskah/manuskrip, (3) métode ékstémporan, jeung (4) métode
ngapalkeun/memoritér.
Ieu métode biasana dipaké ku panyatur anu
dina nepikeun biantarana teu tatahar heula saméméhna. Panyatur teu boga rencana
pikeun nyarita ti anggalna. Pikeun jalma anu teu biasa nyarita di hareupeun
jalma réa sok gugup ngagunakeun métode saperti kieu téh. Naon-naon anu rék
dicaritaeun ngadadak laleungitan, awak ngadégdég, napas ogé ngadadak karasa
eungap, jeung jajantung ratug sarta ka luar késang badag jeung késang tiis.
Tapi sabalikna, tumerapna ka jalma nu bisa nyarita mah teu gedé teuing réaksi
kitu téh, lantaran geus loba pangalaman nyarita di hareupeun jalma réa.
Panyatur dina nyaritana téh bari maca
naskah. Saméméhna panyatur tatahar heula nyayagikeun naskah, nyaéta ku cara
maluruh jeung ngumpulkeun bahan picaritaeun salengkep-lengkepna. Sajaba ti éta,
panyatur geus dibéré iber saha nu baris jadi audience-na, jeung deui bisa
latihan heula ku cara maca sababaraha balikan éta naskah nu disayagikeun téa.
Ieu métode téh aya onjoyna ti nu kahiji, nyaéta bahan picaritaeun téh
ngaguluyur, lengkep, sarta informasi nu katarima ku paregep ogé baris leuwih
jelas. Ngan kahéngkéranana panyatur sok tonggoy kana téks bacaan, tampolana
pamiarsa mah tara katalingakeun. Kurang-kurangna pangalaman ieu métode téh sok
matak ngabosenkeun pamiarsa. Ku lantaran kitu, weruh tanda baca, lentong, jeung
luhur handapna sora salila maca naskah kudu diperhatikeun.
Saméméh biantara, panyatur ngapalkeun heula
bahan picaritaeun anu geus disusunna. Nyarita samodél kieu biasaana sok dipaké
ku para siswa nu keur dialajar biantara, diajar déklamasi atawa diajar
ngadongéng. Kahéngkéran ieu métode nyaéta panyatur sakapeung mah sok tara kebat
nyaritana téh, lantaran nginget-nginget bahan picaritaeun anu diapalkeunana.
Lantaran konséntrasi payatur museur kana bahan caritaan anu keur
diinget-ingetna sajeroning nyarita, atuh pamiarsa atawa audién-na ogé teu
katalingakeun kalawan gembleng.
Ieu métode magrupa campuran tina dua métode
di luhur. Dina prak- prakkanana panyatur geus mibanda bahan anu gembleng jeung
mérélé, da puguh geus tatahar saméméhna. Ngan dina prungna nyarita atawa
biantara téh, éta panyatur bari jeung dibarengan ku saliwat-saliwat maca
naskah. Éta ogé nu dicatetna teu sagemblengna, tapi ngan gurat badagna waé.
Kaunggulan ieu métode ti nu kadua di antarana waé panyatur bisa ngabagi
paningal ka pamiarsa, sarta aya kontak paningal jeung pamiarsa.
Latihan Soal 1
& Kunci Jawaban
- Naon ari biantara téh?
- Sebutkeun struktur biantara!
- Sebutkeun padika biantara!
- Kumaha cara nyusun téks biantara?
- Jéntrékeun cara midang biantara!
- Jéntrékeun métode naon waé anu digunakeun dina biantara!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar