Dongéng téh turun-tumurunna ku
cara lisan, nu matak kaasup kana wangun sastra lisan. Sacara
tradisional dongéng ditépakeun ti generasi ka generasi satuluyna ku cara
didongéngkeun deui. Hidep ogé tangtu kungsi ngadangu salah sahiji lalakon
dongéng ti sepuh. Nalika urang Sunda geus wanoh kana cara nulis maké aksara,
dongéng-dongéng Sunda anu tadina ngan ditepikeun sacara lisan téh tuluy
dituliskeun jadi buku.
Ieu di handap ditataan sawatara buku sunda anu ngamuat rupa-rupa dongéng sunda:
1. Wawacan Dongèng-dongéng Tuladan (1863) ditulis ku R.H. Moehamad moesa.
2. Dongéng-dongéng pieunteungeun (1867) ditulis ku R.H. moehamad Moesa.
3. Warnasari Atawa Rupa-rupa Dongéng (1876) ditulis ku R.A. Lasminingrat.
4. Dongéng-dongéng nu Aranéh (1884) ditulis ku R.H. Moehamad Moesa.
5. Dongéng-dongéng Tuladan (1888) ditulis ku Rd. Prawira Koesoemah.
6. Pariboga: Dua Puluh Lima Dongéng Sunda (1911) C.M.
Pleyte (nu ngumpulkeun).
7. Carita Kelenci Jeung Ajag (1912) ditulis ku M. Partadi redja.
8. Carita anu Mashur: Tilu Dongéng Lenyepaneun (1912) ditulis ku R.
Satjadibrata.
9. Saruni sarosopan nyaéta Rupa-rupa Dongéng Pépéling (1919), ditulis ku Wadi
Wasta jeung Padmadiredja.
10. Dongéng Warna-warna (1920) ditulis ku R. Ardiwinata.
E. PRAK-PRAKAN NULISKEUN DONGÉNG
Paham kana galur carita. Ieu téh jadi modal utama sangkan hidep
bisa nuliskeun deui carita na kalawan gambleng. Ulah nepi ka caritana jadi
robah tina aslina , atawa teu tamat.
Wanoh kana palaku-palakuna. Palaku-palaku nu aya dina dongéng téh bisa
sato, manusa, tatangkalan, atawa mahluk gaib jeung sajabana. Tengetan heula
unggal ngaran palakuna jeung watekna .
Tuliskeun deui maké gaya basa anu matak kataji. Ulah formal
teuing nuliskeunana, sabab dina téks dongéng kudu Ngandung éksprési anu
luyu jeung caritana.
Ngadongéng téh hiji kagiatan anu
butuh totalitas sangkan matak kataji. Aya sababaraha anu diperhatikeun dina
prakprakannana ngadongéng. Pek tengetan ieu di handap!
Paham kana eusi dongéng.
Ieu téh hal anu utama pikeun
ngadongéng. tangtu urang kudu geus maca atawa paham kana galur caritana, para
palakuna, kajadiannana, sarta rupa-rupa hal anu aya dina eusi dongéng téa. ieu
téh jadi modal utama anu wajib dipibanda pikeun nu ngadongéng.
Paké kekecapan nana anu gampang dipikaharti.
luyukeun baé jeung kamampuh hideup pikeun ngadongkeun hiji
lalakon. Upama aya kekecapan anu teu di pikaharti, bisa waé diganti ku
sasaruana atawa ku kecap anu leuwih basajan.
Ngatur sora.
Dina ngadongéng sora bisa waé ditarikeun atawa dilaunkeun. Tapi
tangtuna gé kudu luyu jeung eusi dongéngna. Inotasi (lentong) ogé bakal
nangtukeun hirup-henteuna jeung matak kataji henteuna hiji dongéng.
Gerakan leungeun.
Tembongkeun gerakan anu luyu jeung dongéng anu dicaritakeun.
Upamana baé, lamun aya anu nyaritakeun ngaharéwos, mangka perlu dipetakan gaya
anu keur ngaharéwos. Upama anu keur sumanget, leungeun téh bisa dikeupeulkeun
keur némbongkeun sumangetna.
Gerakan panon.
Ieu ogé penting pisan dina prak-prakanana ngadongéng téh. Ulah
ningali waé ka luhur atawa ka handap. Pék tonton panonton atawa anu
ngaregepkeun dongéng urang. ku cara urang bakal menang perhatian.
Mimik atawa
gerak awak kudu eksresif.
Lamun leuleus lungsé dina ngadongéng, moal gé matak narik.
Ngadongéng téh kudu ngabarengan ngarobahna intonasi atawa lentong, mimik jeung
basasana.
Improvisasi.
Hadé pisan upama urang apal kana caritana. tapi upama poho di tengah jalan,
bisa waé ngalakukeun improvisasi téh sabisa-bisa kudu nyambung kénéh kana lalakona.
Percaya diri.
Tangtuna upama urang geus ngawasa eusi jeung rupa-rupa hal pikeun
ngadongéng, urang bakal percaya diri. Tembongkeun sikep anu soméah jeung
gumbira saméméh ngadongéng. upama geus asup kana caritana, luyukeun eksprési
urang jeung kajadian dina carita.
TUGAS
1. Carilah salah satu dongeng berbahasa sunda, kemudian bacakan dan rekam berupa
suara atau video kirim ke WA 085101986504
Tidak ada komentar:
Posting Komentar