2. UNSUR-UNSUR SAJAK
Sajak téh mangrupa ungkara pikiran, rasa, jeung gagasan pangarang, nu ditepikeun pikeun ngagambarkeun hiji pasualan Eta pasualan téh asalna bisa tina kanyataan kahirupan sapopoé, bisa ogé ukur réka cipta pangarang sabada ngaliwatan proses imajinasi jeung kontemplasi, anu satuluyna dijanggelékkeun dina wangun rakitan basa anu éndah.
Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara konotatif (kiasan). Ku kituna sajak mah aya kalana hésé dipikahartina, lantaran ari ungkara konotatif mah loba silib jeung siloka. Beda jeung harti dénotatif anu ngungkabkeun harti sajalantrahna. Tapi najan kitu, tetep we unggal sajak mibanda ma’na jeung amanat keur nu macana. Ku kituna, tangtu baé sajak teh mibanda unsur-unsur pangwangun anu ngadeudeul kana jenglengan rumpakana téa. Eta unsur-unsur téh di antarana:
a. Adegan Lahir
Nu dimaksud adegan lahir téh nyaéta unsur fisik sajak di sawang tina wangunna. Nu kaasup kana adegan lahir sajak, di antarana:
1) Wangun Sajak (Tipografi)
Sajak téh ditulisna béda-béda, upamana waé aya nu sapada, dua pada, jeung saterusna. Tina sapadana gé teu matok siga sisindiran atawa pupuhu, bébas kumaha panyajakna. Lian ti éta, naha huruf-hurufna maké aksara leutik atawa gede (kapital), ieu gé mangaruhan kana wanguna sajak.
2) Pilihan Kecap (Diksi)
Sajak nu alus téh gumantung kana kecap-kecap anu dipaké ku panyajakna. Biasana sok kapanggih kecap-kecap anu geus langka dipake (arhaik), tuluy dipaké nuliskeun sajak Upamana waé, kecap asih diganti jadi kecap duriat, atawa kecap sedih diganti jadi kecap tunggara.
3) Citraan (Imaji)
Citraan atawa imaji téh nyaéta pangaruh kecap ka nu maca sajak. Biasana mah aya patalina jeung naon anu karasa, katempo, jeung kadéngé ku nu maca tina kecap-kecap anu aya dina sajak. Citraan dina sajak sifatna bisa citraan swara (auditif), citraan panempo (visual), jeung citraan pangragap (taktil). Sajak nu alus téh taya lian sajak anu bisa ngabalukarkeun nu macana téh milu ngarasakeun kana naon anu ditepikeun dina éta sajak.
4) Gaya Basa (Figurati
Gaya basa dina sajak téh bisa ngabalukarkeun ayana harti konotatif. Gaya basa dina sajak bisa nimbulkeun harti nu beunghar kana eusi sajak. Sajak téh jadi psimatis, hartina bisa mibanda harti anu mundel, jero, tur loba. Dina basa Sunda aya sawatara gaya basa, upamana mijalna, ngasor, kadalon, rarahulan, jsté.
5) Purwakanti
Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah. Nilik kana perenahna, purwakanti téh bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan. Ku lantaran kitu, purwakanti téh aya nu ngajajar (purwakanti rantayan), anu ngaruntuy purwakanti runtuyan), atawa gabungan boh rantayan boh runtuyan
Titénan deui rumpaka kawih ieu di handap!
Hejo pagunungan paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Hejo pagumungan paul lautan
Taya katengtrenan ngan ancaman
Sajak di luhur téh jumlahna sapada (bait). Sapadana diwangun ku opat padalisan (jajaran). Dina sajak di luhur, aya sora-sora anu sarua di unggal padalisan. Dina padalisan kahiji jeung kadua, nu sarua téh sora [a]. Dina padalisan katilu jeung kaopat, nu sarua téh sora [i]. Sora-sora nu sarua dina sajak kitu téh disebutna purwakanti. Cindekna nu disebut purwakanti téh nyaéta padeukeutna atawa saruana sora kecap dina ungkara kalimah.
Nilik perenahna, purwakanti téh aya dua. Saruana atawa padeukeutna sora kecap nu ngajajar ka gigir dina sapadalisan disebut purwakanti rantayan, Contona sajak di luhur. Ari sarua atawa padeukeutna sora kecap nu ngaruntuy ka handap tur biasana aya ditungtung ungkara padalisan mah disebutna purwakanti runtuyan.
b. Adegan Batin
Adegan batin sajak mah teu katémbong langsung, tapi kudu diteuleuman atawa dirarasakeun. Carana bisa dibaca sababaraha balikan atawa disungsi kumaha eusi atawa maksudna.
1) Jejer (sense)
Jejer téh poko pikiran anu aya dina sajak. Jejer atawa téma téh gagasan poko anu rék ditepikeun ku panyajak ka nu maca. Téma dina sajak rupa-rupa, aya téma kaagamaan, kamanusaan, cinta ka lemah cai, jsté. Upamana waé sajak “Tanah Sunda” di luhur téh nyaritakeun kaayaan tanah Sunda anu keur harénghéng. Jadi bisa dicindekkeun témana téh ngeunaan cinta ka lemah cai (sarakan).
2) Rasa (feeling)
Rasa téh ngajiwaan eusi sajak. Rasa dina sajak bisa kapanggih sabada dibaca. Naha dibacana téh digorowokeun, digalantangkeun, dihariringkeun atawa dilenyepan dina jero haté. Sajak “Tanah Sunda” upamana, moal kapanggih rasa eusina mun dibacana ukur dina jero haté. Sabalikna baris kapanggih tur karasa kumaha keueungna, mun macana digorowokkeun atawa digalantangkeun
3) Wirahma (tone)
Nada téh sikep panyajak ka nu maca. Tina sikep panyajak ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu maca. Geura tiétnan pada sempalan sajak “Tanah Sunda” ieu di handap:
Héjo pagunungan paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Héjo pagunungan paul lautan
Taya katengtreman ngan ancaman
Dumasar pada sajak di luhut, katangén sikep panyajak téh hayang ngabejaan ka nu maca yén najan tanah Sunda éndah, tapi tetep henteu tengtrem tur loba ancaman Tina sikep éta turang salaku nu maca bisa ngarasa keueung jeung manghanjakalkeun ku kaayaan kitu.
4) Amanat (intention)
Amanat téh pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak. Tapi najan kitu, amanat dina hiji sajak ditangtukeunana téh gumantung nu maca. Hartina urang dibéré kabébasan pikeun nangtukeun amanat tina hiji sajak.
Tugas
1. Sebutkeun 2 unsur sajak Sunda !
2. Naon di maksud adegan lahir
3. Naon wae nu kaasup adegan lahir ?
4. Naon di maksud adegan Batin
5. Sebutkan naon wae adegan batin ?
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapusNama: putri salma nurkhalisah
BalasHapuskelas: X AKL
jawaban:
1. Adegan lahir dan Adegan batin.
2. Adegan lahir nyaéta unsur fisik sajak anu katempo tina wangunna (tipografi, pilihan kecap, citraan, gaya basa, purwakanti).
3. - Wangun sajak (tipografi)
- Pilihan kecap (diksi)
- Citraan (imaji)
- Gaya basa
- Purwakanti
4. Adegan batin téh unsur sajak anu teu langsung katempo, tapi dipikaharti tina eusi sajak (jejer, rasa, wirahma, amanat).
5. - Jejer (tema)
- Rasa (feeling)
- Wirahma (tone)
- Amanat (pesen)
Nama: Rosminah
BalasHapusKelas XBM
jawab
1. 2 unsur sajak Sunda nyaéta adegan lahir jeung adegan batin.
2. adegan lahir nyaéta unsur sajak anu katingali sacara fisik tina wangun jeung basa sajak.
3. Nu kaasup adegan lahir:
Wangun sajak (tipografi)
Pilihan kecap (diksi)
Citraan (imaji)
Gaya basa
Purwakanti
4. Adegan batin nyaéta unsur sajak anu eusina teu langsung katingali, tapi karasa tina eusi jeung hartina.
5. Nu kaasup adegan batin:
Jejer (téma)
Rasa
Wirahma (nada)
Amanat (pésen)
1. Sebutkeun 2 unsur sajak Sunda!
BalasHapus• Adegan lahir
• Adegan batin
2. Naon nu dimaksud adegan lahir?
• Adegan lahir nyaéta unsur sajak anu katingali jeung kadéngé sacara • • langsung dina tulisan sajak.
3. Naon wae nu kaasup adegan lahir?
• Diksi (pilihan kecap)
• Imaji (gambaran)
• Gaya basa
• Rima / wirahma
• Tipografi (wangun tulisan sajak)
4. Naon nu dimaksud adegan batin?
• Adegan batin nyaéta unsur sajak anu ngandung eusi atawa rasa jero tina sajak, nu karasa ku pamaca.
5. Sebutkeun naon wae adegan batin!
• Témah
• Rasa
• Nada
• Amanat
Nama: Nurul Mulhalisyach
BalasHapusKelas: X BM
Jawaban:
jawaban:
1. Adegan lahir dan Adegan batin.
2. Adegan lahir nyaéta unsur fisik sajak anu katempo tina wangunna (tipografi, pilihan kecap, citraan, gaya basa, purwakanti).
3. - Wangun sajak (tipografi)
- Pilihan kecap (diksi)
- Citraan (imaji)
- Gaya basa
- Purwakanti
4. Adegan batin téh unsur sajak anu teu langsung katempo, tapi dipikaharti tina eusi sajak (jejer, rasa, wirahma, amanat).
5. - Jejer (tema)
- Rasa (feeling)
- Wirahma (tone)
- Amanat (pesen)
Nama: Okta Lastiana Indriani
BalasHapusKelas: X. MP
jawaban:
1. Adegan lahir dan Adegan batin.
2. Adegan lahir nyaéta unsur fisik sajak anu katempo tina wangunna (tipografi, pilihan kecap, citraan, gaya basa, purwakanti).
3. - Wangun sajak (tipografi)
- Pilihan kecap (diksi)
- Citraan (imaji)
- Gaya basa
- Purwakanti
4. Adegan batin téh unsur sajak anu teu langsung katempo, tapi dipikaharti tina eusi sajak (jejer, rasa, wirahma, amanat).
5. - Jejer (tema)
- Rasa (feeling)
- Wirahma (tone)
- Amanat (pesen)
Nama: Mia rahmawati
BalasHapuskelas: X BM
Jawaban:
1. Adegan lahir dan Adegan batin.
2. Adegan lahir nyaéta unsur fisik sajak anu katempo tina wangunna (tipografi, pilihan kecap, citraan, gaya basa, purwakanti).
3. - Wangun sajak (tipografi)
- Pilihan kecap (diksi)
- Citraan (imaji)
- Gaya basa
- Purwakanti
4. Adegan batin téh unsur sajak anu teu langsung katempo, tapi dipikaharti tina eusi sajak (jejer, rasa, wirahma, amanat).
5. - Jejer (tema)
- Rasa (feeling)
- Wirahma (tone)
- Amanat (pesen)
Nama: Avia Azahra
BalasHapusKelas: X BM
jawaban:
1. Adegan lahir dan Adegan batin.
2. Adegan lahir nyaéta unsur fisik sajak anu katempo tina wangunna (tipografi, pilihan kecap, citraan, gaya basa, purwakanti).
3. - Wangun sajak (tipografi)
- Pilihan kecap (diksi)
- Citraan (imaji)
- Gaya basa
- Purwakanti
4. Adegan batin téh unsur sajak anu teu langsung katempo, tapi dipikaharti tina eusi sajak (jejer, rasa, wirahma, amanat).
5. - Jejer (tema)
- Rasa (feeling)
- Wirahma (tone)
- Amanat (pesen)
Nama: Sastra Muslimah
BalasHapusKelas: X BM
jawaban:
1. Adegan lahir dan Adegan batin.
2. Adegan lahir nyaéta unsur fisik sajak anu katempo tina wangunna (tipografi, pilihan kecap, citraan, gaya basa, purwakanti).
3. - Wangun sajak (tipografi)
- Pilihan kecap (diksi)
- Citraan (imaji)
- Gaya basa
- Purwakanti
4. Adegan batin téh unsur sajak anu teu langsung katempo, tapi dipikaharti tina eusi sajak (jejer, rasa, wirahma, amanat).
5. - Jejer (tema)
- Rasa (feeling)
- Wirahma (tone)
- Amanat (pesen)
Nama: Aruni nabila zayyan
BalasHapusKelas:X BM
Jawabban:
1. Adegan lahir dan Adegan batin
2. Adegan lahir nyaéta unsur sajak anu katingali sacara langsung dina wangun basa, nyaéta kecap-kecap anu ditulis dina sajak.
3.Diksi (pilihan kecap)
Imaji (gambaran anu bisa karasa ku pancaindra)
Gaya basa (misalna babasan, purwakanti, majas)
Wirahma/ritma
Tipografi (wangun tulisan sajak)
4. Adegan batin nyaéta unsur sajak anu aya patalina jeung eusi jeung rasa anu hayang ditepikeun ku panyajak.
5. Téma,Rasa,Nada,dan Amanat