Minggu, 05 November 2023

Praktek Jurnal Pembelian dan Jurnal Penjulan

 



 


JURNAL PEMBELIAN

Bulan : Januari 2022

Tanggal

Kode

Valid

BPB

Uraian

Akun

Valid

 Pembelian

Pembantu

Kode

Debet

Kredit

Akun

 

 

 

 

 

 

 

 

 

08-Jan-22

2110-PT. A

True

 

Pembelian bahan baku kepada PT. A

1-119

2-110

True

 100.000.000

 

2110-PT. A

True

 

PPN Masukan

2-130

2-110

True

 10.000.000

10-Jan-22

2110-PT. B

True

 

Pembelian bahan penolong kepada PT. B

1-120

2-110

True

 10.000.000

 

2110-PT. B

True

 

PPN Masukan

2-130

2-110

True

 1.000.000

12-Jan-22

2110-PT. A

True

 

Pembelian bahan baku kepada PT. A

1-119

2-110

True

 40.000.000

 

2110-PT. A

True

 

PPN Masukan

2-130

2-110

True

 4.000.000

19-Jan-22

2110-PT. B

True

 

Pembelian bahan penolong kepada PT. B

1-120

2-110

True

 8.000.000

 

2110-PT. B

True

 

PPN Masukan

2-130

2-110

True

 800.000

19-Jan-22

2110-PT. C

True

 

Pembelian sparepart kepada PT. C

1-121

2-110

True

 7.500.000

 

2110-PT. C

True

 

PPN Masukan

2-130

2-110

True

 750.000

 

 

 -   

 

 

 

 

 -   

 

 

 


JURNAL PENJUALAN

Bulan : Januari 2022

Tanggal

Kode

Valid

Faktur

Uraian

Akun

Valid

 Penjualan

Pembantu

Kode

Debet

Kredit

Akun

 

 

 

 

 

 

 

 

 

05-Jan-22

1114-CV. A

True

 

Penjualan barang jadi kepada CV. A

1-114

4-100

True

 50.000.000

 

1114-CV. A

True

 

PPN Keluaran

1-114

2-120

True

 5.000.000

06-Jan-22

1114-CV. B

True

 

Penjualan barang jadi kepada CV. B

1-114

4-100

True

 70.000.000

 

1114-CV. B

True

 

PPN Keluaran

1-114

2-120

True

 7.000.000

10-Jan-22

1114-CV. C

True

 

Penjualan barang jadi kepada CV. C

1-114

4-100

True

 60.000.000

 

1114-CV. C

True

 

PPN Keluaran

1-114

2-120

True

 6.000.000

15-Jan-22

1114-CV. D

True

 

Penjualan barang jadi kepada CV. D

1-114

4-100

True

 50.000.000

 

1114-CV. D

True

 

PPN Keluaran

1-114

2-120

True

 5.000.000

 

 

 -   

 

 

 

 

 -   

 

Materi Wawancara Bagian 2


 


CONTO WAWANCARA

Hasil Wawancara
Ngeunaan Bahaya Narkoba jeung Hiv

(Laporan disusun wangun tanya jawab)

Nu Nanya : “Pa, punten abdi badé nyuhunkeun katerangan, kintenkinten naon baé masalah anu dipayunan ku pamaréntah akibat tina narkoba téh?”

Narasumber : “Kiwari narkoba mémang jadi masalah, lain baé keur pamaréntah, tapi keur sakumna masarakat, ogé lain ukur di Indonesia, tapi di unggal nagara di sakuliah dunya. Ari nu jadi sababna narkoba téh bisa ngaruksak mental bangsa, utamana barudak ngora.”

Nu nanya : “Kumaha kaayaan jalma anu ngagunakeun narkoba dina mangsa kiwari téh Pa?”

Narasumber : “Justru éta kaayaanana geus matak pikahariwangeun. Nu nyalahgunakeun narkoba ti taun ka taun téh lain ngurangan, geuning kalah ngaronjat. Tah ieu téh pagawéan anu beurat pikeun pamaréntah mah .”

Nu Nanya : “naon waé anu karandapan ku jalma anu ngagunakeun narkoba téh, Pa?”

Narasumber : “Sakur nu nyalahgunakeun narkoba, utamana nu ngagunakeun jarum suntik, baris nimbulkeun masalah séjénna, salasahijina nyebarna virus HIV.”

Nu Nanya : “Kinten-kinten naon nu nyababkeun éta jalma wani-wani ngagunakeun narkoba?”

Narasumber : “Ari nu jadi sababna mah rupa-rupa, aya faktor psikologis, biologis, sosial, katut spiritual saperti kurangna bingbingan atikan agama. Lamun jalma nu geus katagihan sok hésé ngeureunkeunana. Matak urang ulah sakali-kali kumawani ngagunakeun narkoba, lamun geus katagihan mah hésé ubarana.”

Nu Nanya : “Kumaha sangkan ieu kasus narkoba téh teu nerekab ka generasi ngora?”

Narasumber : “Sangkan ieu masalah téh teu nerekab, perlu diihtiaran kalawan soson-soson, di antarana ku cara ngalibetkeun pamaréntah, LSM, kaasup ogé média massa, jeung pusat réhabilitas HIV/AIDS.”

Nu Nanya : “Tarékah naon kinten-kintenna sangkan jalma-jalma hususna generasi ngora teu kalibet ngagunakeun narkoba?”

Narasumber : “Anu leuwih utama mah dijaga timimiti lingkungan kulawarga. Barudak salaku generasi ngora dididik ku atikan agama sangkan pengkuh kaimanannana. Salian ti éta, méré nyaho sangkan barudak apal yén narkoba téh barang haram anu dilarang ku agama jeung pamaréntah. Sabab bakal ngaruksak méntal jeung runtuhna nagara.

Nu Nanya : “Naha tina narkoba tiasa ngaruntuhkeun nagara?”

Narasumber : “Nya muhun, pan narkoba mah bisa ngaruksak pisik jeung méntal. Awak ruksak, pikiran kaganggu, teu bisa konséntrasi, da pikiranana pinuh ku lamunan nu teu pararuguh. Tah lamun generasi ngora geus kitu, saha anu baris ngolah nagara? Antukna nagara moal aya nu maliré. Tah ieu pisan anu dipikahariwang ku sakumna masarakat Indonesia téh.”

MATERI WAWANCARA SUNDA
LATIHAN 2

Sabada maca pedaran jeung conto laporan wawancara di luhur pék pigawé ieu pancén di handap!

  1. Buatlah Wawancara nu ngawengku pertanyaan model 5 W jeung 1H. Tema wawancara bebas 
    what (naon) : ………
    where (dimana) : ………
    when (iraha) : ………
    who (saha) : ………
    why (naha) : ………
    how (kumaha) : ………

Materi Wawancara Bagian 1

 


MATERI WAWANCARA SUNDA

DAFTAR ISI

o    A. MATERI WAWANCARA SUNDA

o    B. STRUKTUR WAWANCARA

o    C. TATAKRAMA BASA

o    D. KAGIATAN WAWANCARA

§  1. Tatahar

§  2. Ngalaksanakeun Wawancara

o    E. NYUSUN LAPORAN WAWANCARA

§  LATIHAN 1

§  CONTO WAWANCARA

§  MATERI WAWANCARA SUNDA LATIHAN 2

A. MATERI WAWANCARA SUNDA

Wawancara téh dina basa inggris disebutna interview, asal tina kecap inter (antara lolongrang ) jeung view ( paniten panempo ). Nilik kana rucatan kecap kitu, wawancara téh bisa dihartikeun kagiatan guneman atawa tanya jawab antara dua urang atawa leuwih sacara langsung atawa anu ngawawancara jeung nu diwawancara. Ku ayana kamekaran téknologi, wawancara gé bisa dilaksanakeun jarak jauh ngaliwatan média internét anu disebut video conference.

B. STRUKTUR WAWANCARA

a. Bubuka
Bubuka dina wawancara gunana pikeun ngarahkeun naon-naon nu rék didiskusikeun, sarta nu bakal dilakukeun dina wawancara. bubuka téh perlu pikeun nyiptakeun hubungan abu hadé antara nu ngawawancara jeung narasumberna.

b. Eusi
Bagian eusi téh poko tina wawancara. Dina tahap ieu nu ngawawancara jeung narasumber silih pairan jeung méré tanggapan, nanya jeung ngajawab. Cindekna, duanana keur aya dina inti kagiatan kalawan maksud jeung ugeran wawancara anu geus dijangjikeun ti anggalna.

c. Panutup
Ieu tahap téh mangrupa kagiatan nyindekeun jeung nutup wawancara. Dina panutup, sanggeus wawancarana cukup jeung geus direkam atawa diringkes eusi poko-pokoan, tuluy diterangkeun éta hasil wawancara téh bakal dikumahakeun.

C. TATAKRAMA BASA

Dina prosés ngawawancara téh basa anu dipaké ilaharna maké ragam lemes atawa hormat. Maksudna pikeun ngajénan atawa ngahormat ka nu diwawancara. Dina laporan hasil wawancara wangun narasi mah umumna maké basa loma jeung basa hormat. Basa loma dipakéna pikeun narasi, ari basa hormat dipaké dina unggelan cutatan kalimah langsung ti narasumberna.

D. KAGIATAN WAWANCARA

Kagiatan wawancara téh bisa lumangsung upama rarancangna geus ditataharkeun jeung disusun. Aya tilu tahap dina ngalaksanakeun wawancara téh, nyaéta tatahar, ngalaksanakeun wawancara, jeung nyusun laporan wawancara.

1. Tatahar

Prosés tatahar saméméh ngawawancara téh umumna ngawengku tilu kagiatan, nyaéta nangtukeun téma, nangtukeun narasumber, jeung nyusun daptar pananya.

a. Nangtukeun Tema
Nangtukeun heula téma atawa poko pasualan anu rék jadi bahan wawancara. téma anu bisa dipilih téh réa pisan, upamana téma pendidikan, lingkungan hirup, pakasaban, kalangenan atawa pangaresep, jeung réa-réa deui.

Nangtukeun tema teh bisa ogé diluyukeun jeung kajadian atawa waktu anu keur lumangsung upamana dina bulan Ramadan témana bisa “pasantren kilat”, “ngabuburit”, jsb

b. Nangtukeun Narasumber
Nangtukeun narasumber téh tangtuna kudu merenah. Saha-saha nu rék dijadikeun narasumber téh bakal jadi dasar pikeun naon-naon nu rék ditanyakeun. Ari narasumber téh kudu jalma anu pangnyahona kana téma atawa poko pasualan. Upamana baé jalma anu ngalaman langsung, saurang ahli dina widang nu tangtu, pajabat anu mancén tugas, jrrd

Minangka contona, upama dina téma ngeunaan “dagang di pasar tradisional”, anu bisa dijadikeun narasumberna nyaéta padagang di pasar tradisional.

Dina waktu nangtukeun narasumber, hidep ogé bisa sakalian nangtukeun média pikeun wawancara. Upama rék ngalaksanakeun wawancara kalayan langsung tepung jeung narasumberna atawa teu langsung, upamana maké télépon, surat, émail, videocall, jeung média séjénna.

c. Nyusun Daptar Pananya
hasil wawancara téh gumantung kana kaparigelan anu ngawawancarana, utamana dina nyieun jeung ngajukeun pananya anu merenah. Ari pananya téh kudu dumasar kana téma anu geus ditangtukeun.

Hidep bisa nanyakeun rupa-rupa hal nu aya hubunganana jeung katerangan anu dibutuhkeun. Upamana baé kasangtukang, tujuan, wangenan, léngkah-léngkah, mangpaat, hasil, harepan, jeung saran. Daptar pananya téh hadéna dumasar kana unsur berita 5W +1H nyaéta what (naon), who (saha), where (di mana), when (iraha), why (naha), jeung how (kumaha).

2. Ngalaksanakeun Wawancara

Upama kagiatan tatahar geus dilaksanakeun kalawan lengkep, mangka hidep tuluy bisa ngalaksanakeun tahap wawancara.

a. Jelaskuen heula identitas diri jeung sebutkeun tujuan hidep ngawawancara
b. Mawa buku catetan, alat tulis, atawa alat pangrekam dina waktu wawancara
c. Mimitian wawancara ku pananya anu basajan/énténg jeung sipatna umum.
d. Regepkeun pamanggih jeung informasina kalawan daria.
e. Singkahan pananya anu bulat-beulit. hadena mah kana inti nu rék ditanyakeun
f. Ajenan pituduh jeung sarat ti narasumber, upamana “of the record” (rasiah), “no comment” (moal ngajawab)
g. Tembongkeun kesan anu hadé sanggeus ngawawancara narasumber. ulah poho pikeun amitan, sasadu tuluy nganuhunkeun.

E. NYUSUN LAPORAN WAWANCARA

Sanggeus ngalaksanakeun wawancara ka saurang narasumber, hasilna téh bisa dijieun laporan. Wangun laporan wawancara téh bisa disusun dina wangun dialog (tanya-jawab) atawa wangun narasi.

1. Wangun Dialog
Pikeun nulis laporan hasil wawancara dina wangun dialog (tanya-jawab), hidep kari nuliskeun deui unggal pananya jeung jawabanana kalawan lengkep. hidep kudu inget yén pananya anu lengkep kudu ngandung unsur 5W + 1H.

2. Wangun Narasi
Nuliskeun hasil wawancara dina kalimah wangun narasi téh maké téhnik carita atawa kalimah pedaran. Carana nyaéta ku ngarobah kalimah langsung jadi wangun teu langsung bagian inti tina wawancara.

LATIHAN 1

  1. Naon ari wawancara téh?
  2. Bubuka dina wawancara téh gunana pikeun?
  3. Kumaha tahapan eusi dina wawancara?
  4. Jéntrékeun Bagian panutup dina wawancara!
  5. Dina wawancara ilaharna make ragam basa naon?
  6. Jéntrékeun tahapan tatahar dina ngawawancara?
  7. Saupama kagiatan tatahar geus dilaksanakeun, mangka hidep tuluy bisa ngalaksanakeun tahapan wawancara nyaéta?
  8. Naon ari nyusun laporan dina wangun dialog téh?
  9. Naon ari nyusun laporan dina wangun narasi téh?
  10. Teangan kecap-kecap anu teu dipikaharti dina ieu matéri! Tuluy téangan hartina dina kamus!

Kamis, 19 Oktober 2023

Materi Kawih Sunda

 



MATERI KAWIH SUNDA

A. PERKARA MATERI KAWIH SUNDA

Nu dimaksud kawih téh nyaéta sakur lalaguan nu aya di tatar Sunda. Kecap pagawéanana mah ‘ngawih’. Dina basa Indonésia mah lagu atawa nyanyian, kecap pagawéanana menyanyi. Hartina, lamun urang hahariringan atawa nyanyi, éta téh hartina urang keur ngawih. Kawihna mah naon baé, rék diala tina sisindiran, pupujian, tembang pupuh, kaulinan barudak, dermayonan, atawa nu séjénna.

Matéri kawih geus aya ti baheulana. Dina naskah Sunda kuna Sanghyang Siksa Kandang Karesian nu ditulis taun 1518 M, di dinya disebutkeun ngaran rupa-rupa kawih nyaéta kawih bwatuha, kawih panjang, kawih lalaguan, kawih panyaraman, kawih sisi(n)diran, kawih péngpélédan, bongbongkaso, perérané, porod eurih, kawih babahanan, kawih bangbarongan, kawih tangtung, kawih sasa(m)batan, sareng kawih igel-igelan. Ceuk éta naskah kénéh, lamun urang hayang nyaho ngeunaan kawih, mangka tanyakeun ka paraguna. Kecap ‘paraguna’ téh hartina seniman kawih, mun ayeuna mah musisi, atawa ahli musik.

Upama nilik kana naskah Sunda kuna nu bieu disebut, tétéla urang Sunda téh ti baheulana resep kana hahariringan, kana ngawih téa. Da jeung enyana, méh saban pagawéan di Sunda mah sok bari dihariringan. Ti mimiti mépéndé budak, ngamandian budak, ngawuluku, ngeprak manuk di sawah, ngoréd di huma, jeung sajabana.

Kawih nu aya di Sunda téh réa pisan rupana. Aya anu iramana merdéka atawa bébas atawa henteu kauger ku ketukan jeung wiletan, aya ogé anu iramana tandak atawa ritmik, kauger ku wiletan jeung ketukan. Mun ditataan téa mah kawih téh aya nu disebut kawih kacapian, kawih degung, kawih calung, kawih celempungan, kawih kiliningan, kawih pupujian, kawih tembang, tepi ka kawih pop Sunda. Ari anu ngabédakeun kawih nu hiji jeung kawih nu séjénna diantarana ku sabab piriganana.

B. KAWIH KLASIK

Ciri séjén hiji kawih disebut klasik téh deuih duméh rumpakana maké puisi heubeul (sisindiran). Tepi ka taun 1950-an mah, nu nyaranggi lagu téh geus ilahar sok maké puisi winangun sisindiran. Mun teu ku sisindiran nya sok ku guguritan (puisi nu ditulis maké aturan pupuh). Sabab harita mah puisi nu keur populér téh nya winangun sisindiran jeung guguritan (rumpaka pupuh). Kaharti, upama nu nyaranggi lagu téh sok ngamangpaatkeun puisi sisindiran jeung guguritan pikeun dijieun lagu.

Béda jeung jaman kiwari, pangpangna ti taun 1960-an, nu nyaranggi lagu téh sok maké rumpaka puisi bébas, atawa anu sok disebut sajak téa. Malah upama éta sajak téa téh disanggijadi lagu ku hiji juru sanggi (musisi), nu nulis rumpakana gé sok rajeun ditulis gédéngeun nu nyanggi laguna. Nya contona dina lagu-lagu nu disanggi ku Mang Koko, atawa ku Ubun Kubarsah.

Lagu-lagu klasik sakapeung sok dibedakeun jeung lagu pop. Ari pangna hiji lagu disebut lagu pop téh duméh dipirigna téa ku musik moderen, kayaning organ, gitar, piul, dieuyeuban deui ku musik tradisi kayaning kendang jeung suling.

Sakali deui, pikeun ngabédakeun kawih nu hiji jeung kawih nu séjénna bisa ditilik tina pakakas naon anu mirigna; naha pirigan kacapian, gamelan degung, gamelan saléndro, calung, kacapi cianjuran, celempungan, atawa organ. Cindekna, upama lagu “Dalingding Asih” dipirigna ku gamelan degung, nya urang nyebutna kawih degung. Upama dipirig ku kacapi siter, disebutna kawih kacapian. Sarta upama dipirigna ku organ, biasa disebut kawih pop Sunda, Lian ti Ubun Kubarsah, pikeun nyebutan sababaraha seni man anu sok nyanggi lagu-lagu pop Sunda téh nyaéta Nano S, Doel Sumbang, Déddy Odoy, Yaya Suharya, Uko Héndarto, jeung Gun Gunawi.

C. STRUKTUR TÉKS KAWIH

1. Pilihan kecap (Diksi)

Dina rumpaka kawih di luhur nu judulna “Écéng Gondok jeung “Sorban Palid”, hidep bisa niténan yén éta rumpaka kawih téh wangunna sisindiran. Urang contoan sapada tina kawih di luhur:

Hayang nyeupah daun seureuh              padalisan ka-1
ambéh beureum biwir abdi                  padalisan ka-2
hayang leumpang jeung beubeureuh    padalisan ka-3
ambeh reugreug pikir kuring                padalisan ka-4

Akang Haji sorban palid          padalisan ka-1
palidna ka Cilamaya                padalisan ka-2
Akang Haji sumangga calik     padalisan ka-3
nyanggakeun mah saaya-aya  padalisan ka-4

Padalisan ka-1 jeung ka-2 disebutna cangkang, Ari pada lisan ka-3 jeung ka-4 disebutna eusi.

2. Purwakanti

Ari nu disebut purwakanti téh padeukeutna sora dina tungtung kecap atawa kalimah. Dina téks kawih di luhur, loba pisan purwakanti kecap téh. Upamana aya dina conto pada:

Sawengi asa tos lami                ngi – mi (aya purwakanti sora i)
Saminggu bade ditunggu          gu – gu (aya purwakanti sora u)
Sabulan taya wartos pisan        lan – san (aya purwakanti sora )

Dina élmuning sastra, purwakanti anu nyampak dina sora disebutna madusora atawa maduswara. Pangna disebut madusora téh duméh dina éta ungkara, sora-sorana bangun anu ‘padu’, paadu sorana, atawa sorana harmoni. Da kapan upama dipahilikeun kekecapanana jadi sawengi badé ditunggu, atawa sabulan asa tos lami, atawa saminggu taya wartos pisan tangtu sorana téh moal padu, moal harmoni. Henteu murwakanti.
Ayeuna tengetan deui rumpaka ieu di handap:

Ka mana engkang ka mana ka mana
Ka mana kudu ka mana
piraku lali, piraku, piraku lali ka abdi
piraku téga ninggalkeun

Dina rumpaka di luhur, kecap ka mana di awal padalisan ka-1 dipindo atawa dibalénan (diulang) di awal padalisan ka-2. Pon kitu deui kecap piraku di awal padalisan ka-3 dipindo deui di awal padalisan ka-4. Dina élmuning sastra mah kecap-kecap anu dipindo di awal padalisan téh disebutna purwakanti mindoan kawit (kawit = awal).

Terus tengetan deui, kecap ka mana dina tungtung padalisan ka-1 dipindo deui dina tungtung padalisan ka-2. Sakali deui, di pindona téh dina bagian tungtung atawa bagian wekasan. Tah nu kitu, dina élmuning sastra mah disebutna téh purwakanti mindoan wekas (wekas = tungtung, ahir).

3. HARTI DÉNOTATIF JEUNG KONOTATIF

BÉNTANG KURING
Cipt: H. Yus Wiradiredja

Duh béntang nu baranang
kahiban sinar bulan
duh éta béntang nu nyéngcélak
narik ati tan wangenan
sorot cahya gilang gumilang
ngahibarani ngalangkangan

Boa béntang anu ilang
lah, nu nyandingan diri kuring
boa béntang anu ilang
lah, nu miasih mikahéman

Langit los teu ngalanglangan
nu lawas henteu némbongan
kasilih ku méga malang
boa bentang kuring

Ku naon siga nebihan
nu sono hoyong nepangan
duh bentang geura jol datang
béntang, bentang kuring

Urang cutat ungkara dua padalisan dina pada kahiji:

Duh bentang nu baranang
kahibaran sinar bulan

Kecap béntang dina padalisan Duh béntang nu baranang ngandung harti pangeusi langit anu ngaluarkeun cahya. Éta béntang téh ciptaan Gusti Alloh. Jumlahna réa pisan, tepi ka katémbong na ti bumi mah mani baranang siga nu tingkariceup. Jeung ka tingalina téh laleutik pisan bakat ku anggang pisan ti bumi. Tapi tengetan deui kecap bentang nu aya dina ungkara di handap ieu:

Boa béntang anu ilang
lah, nu nyandingan diri kuring
boa béntang anu ilang
lah, nu miasih mikahéman

Kecap bentang dina pada nu ieu mah henteu nuduhkeun kana pangeusi langit anu ngaluarkeun cahya téa, tapi nujul kana hiji tangtungan (hiji insan) anu boa pikeun “kuring” kacida pisan gedé hartina. Kecap béntang nu ieu mah hartina téh bébéné ata wa kabogoh. Eta kabogoh téh pikeun diri “kuring” geus leungit alatan ninggalkeun, atawa alatan tilar dunya. Tepi ka si “kuring” téh ngarasa leungiteun pisan ku éta “béntang”. Kecap béntang anu mimiti mah nuduhkeun kana harti anu sabenerna. Disebutna harti dénotatif. Ari kecap béntang anu kadua mah henteu nuduhkeun kana harti anu sabenerna, tapi nuduhkeun kana harti séjén pikeun ngawakilan figur jalma. Eta kecap béntang téh henteu ngandung harti anu saenyana, tapi ngandung harti injeuman (nginjeum kana harti figur atawa ba rang séjén). Tah, kecap anu henteu ngandung harti sabenerna disebutna harti konotatif.

TUGAS 1
1. Naon dimaksud Kawih ?
2. Naon dimaksud Kawih Klasik
3. Naon Bedana Diksi jeung Purwakanti
4. Naon Bedana Harti Denotatif Jeung Konotatif
5. Sebutkeun 5 Judul Kawih Sunda

Tugas 2 Bahasa Sunda

  Tugas 2 Bahasa Sunda Cari Informasi Tentang 1.     Kerajaan Salakanagara dan daftar nama Rajanya 2.     Kerajaan Tarumagara dan dafta...